harita bumi teh teu puguh wangunna, kaayaanana kacida matak geueumanana. Sagara motah ngaliputan satangkaraking jagat. Alam poek ngajumbleng. Pangawasa Allah murba saluhureun sagara.
Allah ngandika, ”Sing aya kelewung, geusan misahkeun cai sina jadi dua tempat.” Seug bae jadi. Allah geus ngadamel kelewung, anu misahkeun cai di sahandapeunana ti cai nu aya di saluhureun kelewung tea.
Allah ngandika, ”Di langit sing aya sumber caang, geusan misahkeun beurang jeung peuting, jeung geusan nangtukeun mangsa, poe, taun jeung hari raya kaagamaan.
Allah geus ngadamel dua rupa sumber caang anu galede, nya eta: Panonpoe, keur nyaangan ti beurang, jeung bulan, keur nyaangan ti peuting. Jaba ti eta dipidamel oge bentang-bentang.
Allah ngadamel mahluk-mahluk laut anu galede katut sagala rupa sasatoan anu harirup di laut, kitu deui sagala rupa bangsa manuk. Seug ku Allah ditilik sarta kamanah.
Allah ngandika, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik.”
Geus kitu diberkahan, timbalana-Na, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung.