Esau jeung opat ratus baladna geus beh katembong. Gancang Yakub ngabagi-bagikeun putrana ka ibuna masing-masing, ka Lea, ka Rahel jeung ka emban-emban.
Esau mariksa deui, ”Tadi Akang ningal rombongan sejen. Kumaha eta teh maksudna?” Walon Yakub, ”Sumuhun, eta sumeja kahaturkeun ka gamparan, pamugi ditampi.”
Walon Yakub, ”Sanes kitu. Saupami leres gamparan ngangken ka jisim abdi, eta pangbakti mugi ditampi. Ningal pameunteu gamparan, jisim abdi mah asa ningal pameunteu Allah.
Ulah dugi ka teu ditampi eta pangbakti ti jisim abdi. Jisim abdi ku Allah parantos dipaparin pirang-pirang berkah, dugi ka gaduh sagala rupi.” Ku sabab dikeukeuhan, tungtungna ku Esau ditampi.
Tapi saur Yakub, ”Gamparan langkung tingali, eta barudak parantos lalungse. Domba sareng sapi sanesna eta oge jadi emutan, tur anak-anakna aralit keneh. Upami dipaksa dibantun gancang, sadinten oge tangtos pararaeh sadayana.
Mangga gamparan mulih ti payun. Abdi tangtos nuturkeun lalaunan, sagancang-gancang lakuning barudak sareng ingon-ingon, seja ngetruk dugi ka panglinggihan gamparan, di Edom.”
Tapi Yakub anggur terus ka Sukot. Di dinya anjeunna ngadamel bumi kitu deui kandang-kandang keur ingon-ingon. Nya ku lantaran kitu eta tempat disebut Sukot, anu hartina kandang.