Ti dinya garwa-garwana, pala putra lalaki awewe kitu deui sakabeh jiwa eusi bumina, katut ingon-ingon jeung sakabeh babandaanana beubeunangan ti tanah Kanaan, ku Esau dicandak ka tanah sejen, ngantunkeun Yakub rayina.
Elipas, putra ti geureuha nu ngaran Adah, kagungan putra lima lalaki nya eta: Téman, Omar, Sepi, Gatam jeung Kenas. Aya deui putra lalaki ngaranna Amalek, ieu mah putra ti parekan, Timna. Rehuel, putra Esau ti geureuha nu ngaran Basmat, kagungan opat putra lalaki nya eta: Nahat, Serah, Syama jeung Misa.
Ari putrana anu jenengan Rehuel, jadi karuhun kaom Nahat, kaom Serah, kaom Syama jeung kaom Misa. Eta kabeh turunan Esau ti geureuhana nu ngaran Basmat.
Pribumi asli tanah Edom dibagi ku kaom-kaom nurutkeun ngaran luluhurna, putra-putra Seir urang Hori, nya eta: Lotan, Sobal, Sibeon, Ana, Dison, Eser, jeung Disan.
Ari Sibeon kagungan dua putra lalaki, nya eta: Aya jeung Ana. (Ana teh anu manggih sababaraha cinyusu di gurun keusik basa keur ngangon kalde anu ramana.)
Samemeh anak putu Israil boga raja, tanah Edom teh patuturut diparentah ku raja-raja bangsa Edom. Raja anu mimiti marentah di tanah Edom nya eta: Bela bin Beor, ti Dinhaba. Yobab bin Serah ti Bosra Husam ti wewengkon Téman Hadad bin Bedad ti Awit, anu ngelehkeun urang Midian di tanah Moab Samla ti Masreka Saul ti Rehobot sisi walungan Baal Hanan bin Akbor Hadad ti Pahu (garwaanana ka Mehetabel putra Matred putuna Mesahab).
Ari kaom-kaom Edom turunan Esau, nurutkeun kaomna masing-masing, tanah pamatuhanana masing-masing, sanagarana-sanagarana, nya eta: Kaom Timna, kaom Alwa, kaom Yetet,