Ari Onan, ku sabab nyaho yen anak ti eta awewe lain eukeurna, nu matak unggal sapatemon jeung eta, cimanina sok dikana taneuhkeun, ngarah lanceukna teu boga turunan.
Ceuk Yuda ka Tamar, ”Balik bae heula ka bapa Nyai, ngadago Selah anak bapa akil baleg.” Nitah kitu soteh pedah risi, bisi Selah oge dicabut nyawana kawas lanceuk-lanceukna. Tamar balik ka bapana.
Rada lila ti harita, bojo Yuda tea maot. Sanggeus waktu-waktu sungkawana kaliwat, Yuda indit ka Timna, duaan jeung Hirah sobatna, urang Adulam tea, rek nyukuran domba.
Tamar dangdan, papakean rarandaanana diganti ku pakean biasa, ari beungeutna buni make cindung. Bral leumpang ka Enaim, hiji lembur sisi jalan ka Timna, tuluy ngajanteng di lebah kaca-kaca. Tamar geus nyahoeun yen Selah anak Yuda nu lalaki ayeuna geus sawawa, tapi tacan bae diamprokkeun ka manehna.
Ceuk Yuda, ”Hayang ku naon?” Tembal Tamar, ”Ku eta bae, cap sareng rantayna, sareng eta teteken.” Sok barangna diserenkeun, tuluy sapatemon. Lila-lila Tamar ngandung.
Ti dinya Yuda ngirimkeun embe keur pamayar, dianteurkeun ku sobatna urang Adulam tea sarta barang nu dipake tanggungan kudu dipenta. Tapi anu diteang teu kapanggih.
Heuleut tilu bulan aya anu bebeja ka Yuda, pokna, ”Nyi Tamar, mantu Bapa, gaduh kalakuan sapertos awewe bangor, ayeuna keur ngandung.” Jawab Yuda, ”Duruk awakna, sina paeh.”
Waktu rek diduruk, Tamar nitahan jelema sina ngomong ka mitohana, kieu, ”Abdi ngandung teh ku lalaki anu gaduh barang ieu: Cap sareng rantayna, sareng teteken. Mangga barangna tingalian.”
Yuda ujug-ujug wawuh kana barangna. Ceuk Yuda, ”Bener manehna, aing nu salah. Henteu buru-buru dikawinkeun ka Selah anak aing.” Ti harita, tetep Yuda henteu sapatemon deui jeung Tamar.
Waktuna keur diheujeunkeun, orok nu hiji kaluar leungeunna heula. Ceg ku parajina dicekel, tuluy leungeunna dibeungkeut ku benang beureum, sarta ceuk parajina, ”Ieu lanceukna.”
Tapi eta leungeun teh ngalepot deui, ana borojol anu kaluar teh orok nu hiji deui. Ceuk parajina, ”Na utun, bedas-bedas teuing ngaborojol teh!” Ku kituna seug dingaranan Peres.