Nepi ka isukna manahna guling-gasahan. Geus kitu, tukang-tukang sihir, jelema-jelema pinter ti sa-Mesir diangkir kudu nerangkeun impenan, tapi weleh taya nu sanggup.
Eta impenan disanggemkeun ka hiji nonoman urang Ibrani, sami-sami sakitan, gandekna kapala kawal karaton. Ku eta nonoman, impian abdi masing-masing diterangkeun pihartoseunana.
Saparantos eta, bakal katarajang ku paceklik anu kalintang bangetna, lamina tujuh taun, dugi ka kamakmuran di salebet tujuh taun nu kalangkung teh teu aya urut-urutna, tigerat di sakuliah nagara.
Eta padamel-padamel kedah ngempelkeun katedaan samangsa taun-taun kamakmuran nu bakal dongkap. Eta sadayana kedah aya dina panalingaan dampal Gusti. Bahan-bahan tedaeun kedah disimpen sae-sae di gudang-gudang nagara sareng dijagi.
Maksadna taya sanes, kanggo pibekeleun sanagara di mana paceklik anu tujuh taun tea dongkap ka ieu nagara, supados rahayat Mesir ulah kantos maraot ku langlayeuseun.”
Raja nyabut lelepen cap karajaan tina remana, dianggokeun ka Yusup. Rap Yusup dianggoanan anggoan tina linen lemes, tenggekna dianggoanan kangkalung emas.
Clak ditunggangkeun kana kareta kadua tutungganganana raja. Heulaeun kareta aya palatuk purah ceceluk: ”Hormat, bere jalan!” Kitu carana Yusup diangkat geusan mangkon kawasa di sakuliah Mesir.
Yusup ku anjeunna dipaparin jenengan bangsa Mesir, Sapnat-Paaneah, tuluy direndengankeun ka Asnat, putra istri Potifera, imam kota On. Geus kitu Yusup ngideran satanah Mesir.
Sapanjang taun-taun anu makmur, sagala hasil bumi ku Yusup disimpen di gudang di kota-kota. Di unggal kota aya gudang hasil bumi ti wewengkon masing-masing.
Duanana pameget. Nu cikal dijenenganan Menase, sabab saurna, ”Ku kersaning Allah, aing geus hanjat tina balangsak, geus paler tina inget ka bapa sapala putra.”
Musim paceklik nu tujuh taun mimiti narajang, cocog sakumaha panorah Yusup. Di mana-mana, di nagara sejen geus meh taya dahareun, sabalikna di Mesir mah cukup kabina-bina.
Tapi di Mesir oge saterusna mah geus mimiti aya bahla kalaparan. Rahayat jumerit ka raja. Ari dawuhan raja ka rahayatna, ”Maraneh ka Yusup bae, turut kuma dipetakeun ku anjeunna.”