Ti dinya Yusup marentah ka juru kawasa bumi, saurna, ”Eusian karung-karungna sing dedet, sina kabawa ku sataker tanagana. Duit pameulianana asup-asupkeun deui ka jero karung masing-masing, teundeun pangluhurna.
Sanggeus maranehna rada anggang ti kota, Yusup marentah ka juru kawasa bumi, saurna, ”Gancang jelema-jelema nu tadi teh udag. Mun geus kaudag, maneh kudu ngomong kieu: ’Ku naon ari maraneh, mulang jahat ka nu mikanyaah?
Dalah artos anu kapendak di lebet karung tea oge geuning disanggakeun deui ka Juragan. Teu wararantun teuing pulang-paling emas atanapi perak ti gedong panutan Juragan.
”Gusti, kumaha abdi-abdi nya kedah unjukan?” wangsul Yuda. ”Kumaha nya bade mungkir? Kumaha nya kedah nembongkeun yen abdi-abdi beresih? Allah parantos nembrakkeun kalepatan abdi-abdi. Mangga sadayana damel badega, sanes mung anu kapendak nyumputkeun lumur bae.”
Cong Yuda nyembah, pok deui miunjuk, ”Nun Gusti, manawi aya paidin, abdi Gusti sumeja nyanggakeun ieu piunjuk. Mugi Gusti teu jadi bendu. Gusti sasat Piraon ku manten.
Wangsul abdi-abdi, ’Gaduh. Pun bapa parantos kolot, dulur saurang deui, bungsu, anu lahirna saparantos pun bapa kolot pisan. Kaka teges eta barudak parantos tilar dunya. Jadi ti biang tegesna mah mung kantun eta, ku pun bapa kalintang dipideudeuhna.’
Sanggem abdi-abdi henteu wantun, reh diancam ku Gusti teu kenging deui ngadeuheus, upami henteu sareng pun dulur. Si bungsu kedah kabantun, nembe abdi-abdi wantun mios. Kitu sanggem abdi-abdi ka pun bapa.
Ayeuna, lamun anu ieu oge kudu leupas ti Ama, sarta nepi ka henteuna, atuh kami nu geus sakieu kolotna teh sasat diturihan nya hate ku maraneh, sina buru-buru paeh.’
Nun Gusti, upami ayeuna abdi-abdi wangsul henteu sareng eta budak, pisakumahaeun teuing remukna hate pun bapa, jalaran nyawana parantos kacangcang ku eta budak.
Tinangtos pun bapa teras ngalenggerek dumugi kana patina. Nya tangtos abdi-abdi keneh nu jadi lantaran pun bapa anu sakitu kolotna gudawang hatena, temahna ajal sapisan.
Sajabi ti kitu, abdi Gusti parantos ikrar ka pun bapa, nanggel yen eta budak baris salamet. Saupami eta budak henteu kasanggakeun deui, abdi parantos sumpah sing ulah jamuga satutup umur.
Kitu nu mawi, nun Gusti, abdi bae gegentosna, anu ku Gusti kedah disiksa. Pun adi mah sanget-sanget nya panuhun mugi diwidian wangsul sareng lanceuk-lanceukna.