KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Yakub ngepak barang-barangna, bral angkat ka Bersyeba, terus ngahaturkeun kurban ka Allah, panutan Ishak ramana. |
| 2 |
| Peutingna, dina tetenjoan, Allah nimbalan, dawuhana-Na, ”Yakub, Yakub!” Diwaler, ”Nun, ieu abdi.” |
| 3 |
| Dawuhana-Na, ”Kami Allah. Allah panutan bapa maneh. Ulah asa-asa rek indit ka Mesir teh. Rundayan maneh ku Kami rek dijieun bangsa gede di ditu. |
| 4 |
| Maneh ku Kami rek dianteur indit ka Mesir. Ari turunan maneh baris dipulangkeun deui ka dieu. Mun maneh datang ka ajal, baris katungkulan ku Yusup.” |
| 5 |
| Bersyeba ku Yakub enggeus dikantun. Yakub, putu-putuna, jeung para wanita mantu-mantuna, ku pala putrana sina tarumpak kareta anu dikintun ku raja Mesir. |
| 6 |
| Ingon-ingon katut sagala harta banda meunang ti Kanaan milu diakut ka Mesir. Kabeh nu jadi rundayan ku Yakub dicandak ngalih, nya eta: |
| 7 |
| pala putra nu lalaki nu awewe, para putu nu lalaki nu awewe. |
| 8 |
| Anggota kulawarga Yakub anu arindit ka Mesir jeung anjeunna nya eta Rubin, putrana anu cikal, |
| 9 |
| jeung putra-putrana: Hanok, Palu, Hesron jeung Karmi. |
| 10 |
| Simeon jeung putra-putrana: Yemuel, Yamin, Ohad, Yakin, Sohar, jeung saurang deui, ngaranna Saul, anak Simeon ti hiji wanita urang Kanaan. |
| 11 |
| Lewi jeung putra-putrana: Gerson, Kahat jeung Merari. |
| 12 |
| Yuda jeung putra-putrana: Selah, Peres jeung Serah. (Putra-putra Yuda sejenna anu lalaki, Er jeung Onan geus maraot di Kanaan.) Putra-putra Peres nya eta Hesron jeung Hamul. |
| 13 |
| Isaskar jeung putra-putrana: Tola, Pua, Ayub jeung Simron. |
| 14 |
| Sebulun jeung putra-putrana: Sered, Elon jeung Yahlel. |
| 15 |
| Eta putra-putra Yakub ti Lea anu dijurukeun di Mesopotami. Jeung hiji putra istri, Dinah. Jumlah turunan anjeunna ti Lea aya tilu puluh tilu urang. |
| 16 |
| Gad jeung putra-putrana: Sepon, Hagi, Suni, Esbon, Eri, Arod, jeung Areli. |
| 17 |
| Aser jeung putra-putrana: Yimna, Yiswa, Yiswi, Beria, jeung Serah dulur maranehanana anu awewe. Putra-putra Beria nya eta Heber jeung Malkiel. |
| 18 |
| Ieu anu genep belas urang turunan Yakub ti Silpa, asalna emban pamere Laban ka Lea putrana. |
| 19 |
| Putra Yakub ti garwana nu ngaran Rahel, nya eta Yusup jeung Binyamin. |
| 20 |
| Di Mesir, Yusup kagungan dua putra pameget ti Asnat geureuhana putra Potifera, imam di kota On, nya eta Menase jeung Epraim. |
| 21 |
| Putra-putra Binyamin nya eta: Bela, Beker, Asbel, Gera, Naaman, Ehi, Ros, Mupim, Hupim jeung Arda. |
| 22 |
| Ieu anu opat belas urang turunan Yakub ti Rahel. |
| 23 |
| Dan jeung putrana, Husim. |
| 24 |
| Naptali jeung putra-putrana: Yahsel, Guni, Yeser jeung Silem. |
| 25 |
| Ieu anu tujuhan turunan Yakub ti Bilha, asalna emban pamere Laban ka Rahel putrana. |
| 26 |
| Jadi jumlah turunan Yakub anu landes, basa mimiti ngalih ka Mesir teh aya genep puluh genep jiwa, jaba deui bojo-bojo pala putrana. |
| 27 |
| Diitung jeung dua putra ti Yusup anu dilahirkeun di Mesir, pamili Yakub teh kabehna tujuh puluh jiwa. |
| 28 |
| Yakub ngajurung Yuda ti heula, sina ngawartosan ka Yusup yen anjeunna mundut diantosan di Gosen. Sanggeus aleutan Yakub cunduk ka wates Gosen, |
| 29 |
| Yusup angkat kana kareta, rek nepangan ingkang rama. Barang gok patepang, gabrug ngarangkul, pananganana meulit kana tenggek ramana. Gauk nangis lila pisan bari tipepereket nangkeup ka ramana. |
| 30 |
| Geus kitu Yakub ngalahir ka Yusup, ”Bagea teuing Enung! Geuning Enung teh hirup keneh. Ayeuna mah Ama teh paeh ge rido, da jeung Enung geus papanggih.” |
| 31 |
| Ti dinya Yusup ngalahir ka saderek-saderek jeung wargi-wargi ramana, saurna, ”Kuring kudu ngadeuheus unjukan ka raja yen aranjeun jeung Ama sakulawarga geus daratang ti Kanaan, araya di kuring. |
| 32 |
| Rek diterangkeun yen aranjeun tukang ngangon, maliara ingon-ingon, sarta eta pipiaraan kabeh dibawa ka dieu. |
| 33 |
| Upama engke aranjeun ku raja disaur jeung dipariksa pagawean, |
| 34 |
| ngajawabna ulah salah yen aranjeun ti bubudak hirup tina miara ingon-ingon sakumaha karuhun. Ku jalan kieu raja tangtu ngidinan aranjeun matuh di Gosen.” Maksud Yusup mamatahan kitu teh lantaran urang Mesir mah kabeh oge henteu raresepeun ka tukang ngangon. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/genesis/046.mp3
50
46