Yusup ngadeuheus ka raja nyandak saderekna limaan, seug unjukan kieu, ”Pun bapa sareng dulur-dulur parantos darongkap ti Kanaan. Pipiaraanana oge sareng sagala kagaduhna dibarantun ka dieu, ayeuna parantos araya di Gosen.”
Darongkap ka nagara Gusti, sumeja ngiring cicing di Mesir, wireh tanah Kanaan katarajang paceklik hebat, parantos teu aya jukut-jukut acan kangge ingon-ingon. Nyuhunkeun piwelas Gusti, sumeja ngiring cicing di tanah Gosen.”
Tanah-tanah di Mesir aya dina kawasa kang putra. Pilih anu pangsuburna keur anjeunna jeung dulur-dulur. Harayangeun matuh di Gosen, teu aya halangan. Jeung upama ti dulur-dulur kang putra aya anu boga kamampuhan, hade sina ngurus ingon-ingon kami.”
Waler Yakub, ”Sumuhun parantos 130 taun, salamina mung ngumbara. Upami dibandingkeun sareng karuhun-karuhun anu sami-sami tukang ngumbara, umur Bapa mah kalintang pondokna, sareng teu kendat dipuuk ku kasusah.”
Anjeunna ku Yusup geus dipatuhkeun di Mesir, kitu deui saderek-saderekna, dipaparin tanah milik anu pangalusna, pernahna di Rameses, numutkeun timbalan raja.
Sanggeus urang Mesir jeung urang Kanaan teu baroga deui duit sama sakali, urang Mesir daratang ka Yusup. ”Nyuhunkeun tedaeun,” pokna. ”Abdi-abdi ulah diantep sina paraeh langlayeuseun. Artos oge parantos teu gaduh pisan. Tulungan, Gusti!”
Ahirna maranehna murubul marawa ingon-ingon ka Yusup, nu mawa kuda, nu mawa domba atawa embe, nu mawa sapi, nu mawa kalde, ditalukeurkeun kana bahan pangan. Sataun lilana kitu jeung kitu ngabagi-bagi bahan panganna, ditukeur jeung ingon-ingon.
Dina taun sanggeusna, rahayat pada waleh ka anjeunna, pokna, ”Gusti, abdi-abdi waleh bae. Artos seep, ingon-ingon seep, sadayana parantos kacepeng ku Gusti. Abdi-abdi parantos teu gaduh serenkeuneun deui, kajabi ti tanah sareng badan sakujur.
Abdi-abdi ulah diantep sina maraot, enggal jait! Tanah abdi-abdi ulah dugi ka gaplah jeung gapong. Ieu diri abdi-abdi galeuh, tanah abdi-abdi candak, liron sareng tedaeun. Sawios jadi badega raja sinareng lahan sawios jadi kagunganana, asal dipaparin binih, sangkan ulah maraot ku kalaparan, sareng lahan ulah kantos jadi keri.”
Seug sakabeh lahan di Mesir ku Yusup digaleuh baris ka raja, kawantu ku nu barogana dijarual, ku tina banget-bangetna paceklik. Sakabeh tanah sakuliah nagara geus jadi kagungan raja.
Pilahir Yusup ka rahayat, ”Poe ieu, maraneh jeung lahan-lahan maraneh enggeus dibeuli ku kami, haturan raja. Ieu binih keur maraneh, lahan-lahan teh pelakan.
Ti dinya Yusup ngadamel undang-undang tanah pikeun nagara Mesir, nya eta saperlima tina hasil tanah kudu diserenkeun ka raja. Ieu undang-undang tug nepi ka kiwari jalan terus. Ngan tanahna para imam anu henteu jadi milik raja teh.
Yakub geus ngaraos baris tereh-tereh pupus, tuluy nyaur Yusup putrana, pok ngalahir, ”Ama menta Enung sumpah. Tumpangkeun leungeun Enung kana tetepokan Ama, tuluy ikrar masing enya-enya, yen Enung seja ngestokeun wasiat Ama. Ama ulah dikubur di Mesir.
Ama hayang dikubur di makam karuhun. Ama kudu dipindahkeun ti Mesir, kubur di makam para luluhur.” Yusup ngawaler, ”Wasiat Ama tangtos diestokeun pisan.”