Isukna, dina katilu poena, aya budak ngora ti pasanggrahan Saul, datang ka Daud terus nyuuh. Bajuna beunang nyosoeh jeung sirahna ditaneuhan nyirikeun keur prihatin.
Tembalna, ”Sumuhun, abdi keur kapareng ka Gunung Gilboa, katingal Saul nuju naleukeum kana tumbakna, diselempek ku pasukan kareta sareng ku pasukan kuda musuh.
Ku abdi ditumutkeun, da teu kitu ge tangtos anjeunna pupus. Harita ge parantos meh geubis. Makutana ku abdi dilaan, kitu deui kilat bahuna. Ieu kasanggakeun.”
Kitu jeung kitu bae jeung henteu bararang dahar nepi ka burit, nalangsa ku anu geus kasambut di pangperangan tur sakitu lobana: Saul, Yonatan, jeung bangsa Israil, umat PANGERAN.
Di Gilboa tanah-tanah pagunungan sina ngahgar ulah kacakclakan hujan, ulah nyorang kaibunan! Da di dinya ngahunyudna tameng-tameng jalma perkosa, hina papa leungit pangaji, tameng Saul ngagoler geus taya harti.