Sapanjang jalan Daud jeung urang Israil kakawihan bari igel-igelan, tanda ngagungkeun ka PANGERAN, dipirig ku sora kacapi, gambus, terebang, kenong jeung kecrek.
Aya anu nguninga ka Daud, yen sanggeus Obed Edom kacicingan ku Peti Perjangjian Allah saeusi imahna jadi meunang berkah ti PANGERAN. Seug Peti teh ku anjeunna dicandak ti imah Obed Edom, dicandak ka Yerusalem bari dirame-rame.
Sanggeus digotongna meunang genep lengkah ku Daud dieureunkeun heula, sarta anjeunna meuncit sapi jalu hiji jeung anak sapi kabiri hiji, dikurbankeun ka PANGERAN.
Sanggeus eta Peti dibawa asup ka jero kota, Mikal binti Saul nempo tina jandela. Katingalieun Raja Daud keur igel-igelan ajrug-ajrugan kakalayangan kukurilingan. Mikal jadi cua manahna.
Sup Peti teh dipernahkeun di jero hiji kemah beunang Daud ngahaja nyayagikeun pikeun eta kaperluan. Ti dinya anjeunna nyanggakeun kurban beuleuman jeung kurban panarima ka PANGERAN.
Ti dinya jelema-jelema urang Israil teh, lalaki awewe dibaragi kadaharan. Unggal jelema roti sasiki, panggang daging sakeureut jeung kismis sababaraha guruntul. Geus kitu jelema-jelema teh baralik.
Daud oge mulih ka bumi seja mendakan putra garwa. Mikal kaluar mapagkeun bari sasauran kieu, ”Dinten ieu raja Israil parantos ngamashurkeun salira ku anjeun! Anjeunna parantos ditaranjang sapertos nu owah, teu aya kalingsem di hareupeun emban-emban para ponggawa karaton!”
Daud ngawaler, ”Igel-igelan soteh tanda ngagungkeun ka PANGERAN, anu geus ngersakeun Engkang ngagentos tuang rama sapala putra, jadi raja nyangking Israil. Ari tujuanana ngagungkeun PANGERAN mah daek bae masing kudu ajrug-ajrugan terus oge,