Aya hiji nabi ti Yuda, kenging timbalan PANGERAN kudu angkat ka Betel. Gancangna geus sumping, waktu Raja Yarobam keur ngadeg deukeut altar seja ngurban.
Pok nabi teh ngalahir ka eta altar, ngedalkeun timbalan PANGERAN, ”Altar! Altar! Dengekeun ieu timbalan PANGERAN: Engke bakal aya budak medal ti bangsa Daud, ngaranna Yosia. Maneh ku eta bakal dijieun tempat meuncitan imam-imam anu ngalalayanan altar-altar brahala, tukang-tukang natakeun kurban luhureun maneh. Maneh ku eta bakal dipake tempat ngaduruk tulang-tulang jelema!”
Sasauranana terus, ”Kanyahokeun! Ieu altar bakal bencar, lebuna awur-awuran. Lamun geus kitu bakal tetela ka maraneh yen ieu omongan kami sategesna timbalan PANGERAN!”
Raja Yarobam ngalahir ka eta nabi, ”Kaula pangnedakeun ka PANGERAN Allah andika, mugi ieu leungeun kaula ku anjeunna dicageurkeun deui!” Seug nabi teh neneda ka PANGERAN. Geus kitu panangan raja pulih deui sabiasa.
Harita di Betel aya hiji nabi sepuh. Ku putra-putrana diwartosan yen poe eta aya nabi ti Yuda, geus kitu-kitu sarta kitu-kitu pilahirna ka Raja Yarobam.
terus mudun nyusul nabi anu ti Yuda tea. Gancangna kasusul, keur ngaso handapeun tangkal kiara. Nabi sepuh mariksa, ”Punten, leres kitu Ajengan teh nabi ti Yuda?” ”Leres” waler anu dipariksa.
”Bapa oge nabi sapertos Ajengan,” saur nabi sepuh bari terus ngabohong, saurna, ”Aya malaikat piwarangan PANGERAN ngalahir ka Bapa, miwarang nyindangkeun sareng ngangken ka Ajengan.”
Maneh balik deui jeung dahar di tempat anu ku Kami dilarang. Ku sabab kitu maneh kudu paeh. Sarta mayit maneh moal dikuburkeun di makam kulawarga sorangan.’ ”
ti dinya bral angkat neruskeun perjalanan. Tapi tiwas, di tengah jalan pupus dirontok singa. Layonna ngajoprak di tengah jalan, ari kaldena kitu deui singana caricing bae di dinya ngabanding gigireunana.
Barang nabi sepuh ngadangu warta seug sasauran, ”Moal salah tangtu eta teh nabi anu ngalanggar timbalan PANGERAN tea! Ku PANGERAN disina tiwas ku singa. Timbalan PANGERAN tinekanan.”
bral angkat. Gancangna layon teh kapendak keur ngajolopong di tengah jalan dibanding ku kalde jeung singa. Eta singa henteu ngaganggu kana eta layon kitu deui kana kaldena.
Sagala kasauran anjeunna anu kedal ku timbalan PANGERAN perkara altar di Betel, kitu deui perkara tempat-tempat pangibadahan di kota-kota wewengkon Samaria tinangtu bakal tinekanan.”
Ari lampah Yarobam raja Israil jongjon teu aya saena. Malah anjeunna ngangkat imam-imam ti kaom-kaom anu ilahar, sina manghuluan di altar-altar kengingna ngadegkeun. Saha bae anu hayang jadi imam ku anjeunna terus diangkat.