Seug Isebel ngirim ancaman ka Elias, saurna, ”Mugia kami dihukum ku para dewa, malah sing dipaehan, lamun isukan wayah kieu henteu ngabales ka maneh sakumaha kalakuan maneh ka nabi-nabi Baal!”
ari anjeunna kebat angkatna sapoe jeput ngajugjug ka tanah gurun. Sumping-sumping brek calik ngiuhan handapeun tangkal harendong, ngarasula mundut ajal, piunjukna, ”Parantos teu kiat, nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi, mending oge ajal.”
Geus kitu tuluy nyangkere handapeun tangkal harendong, reup kulem. Sabot kitu aya malaikat noel ka anjeunna, ngalahir kieu, ”Geura hudang, geura dahar!”
Elias gugah, roti dituang, cai dileueut. Ku kasiat eta katuangan, anjeunna nepi ka kuat lumaku opat puluh poe opat puluh peuting, nepi ka Gunung Sinai, gunung anu suci tea.
Waler Elias, ”Nun GUSTI Allah Anu Maha Kawasa, abdi kumureb ka Gusti teh dugi ka kieu, teu aya deui anu dikawulaan mung Gusti. Dupi urang Israil parantos ingkar tina jangji ka Gusti, altar-altar Gusti diruntuh-runtuhkeun, nabi-nabi Gusti diparaehan, mung kantun abdi anu hirup keneh, kitu ge diarah-arah!”
Timbalan PANGERAN, ”Geura bijil, marek ka Kami di puncak ieu gunung.” Lar PANGERAN ngalangkung bari ngabijilkeun angin gede pisan, nepi ka gunung-gunung rarempu, cadas-cadas aroyag, tapi PANGERAN teu aya dina eta angin. Angin rerep, riyeg aya lini, tapi PANGERAN teu aya dina eta lini.
Barang ngadangu eta soara, Elias ka luar bari meungpeunan raray ku harudum, tuluy ngadeg dina sungut guha. Ngong aya gentra, ”Elias, keur naon di dieu?”
Elias ngawaler, ”Nun GUSTI Allah Anu Maha Kawasa, abdi kumureb ka Gusti teh dugi ka kieu, teu aya deui anu dikawulaan mung Gusti. Dupi urang Israil parantos ingkar tina jangji ka Gusti, altar-altar Gusti diruntuh-runtuhkeun, nabi-nabi Gusti diparaehan, mung kantun abdi anu hirup keneh, kitu ge diarah-arah!”
Timbalan PANGERAN, ”Balik deui ka jalan urut tadi nyorang tanah gurun anu ka Damsik. Lamun geus aya di kota, maneh kudu ngaminyakan Hasael, jadikeun raja Siria,
Urang Israil ku Kami ngan rek disesakeun tujuh rebu urang anu hirup, nya eta anu saratia ka Kami, anu henteu kungsi sujud ka arca Baal, atawa nyium ka eta.”
Bral Elias jengkar mendakan Elisa. Elisa kasampak keur ngawuluku ku sapi sapasang. Di payuneunana aya deui sabelas pasangan, ari anjeunna ngawulukuna ku pasangan pangtukangna. Elias muka harudumna tuluy dianggokeun ka Elisa.
Cul Elisa ngantunkeun sapina, ngudag ka Elias bari miunjuk, ”Ama, abdi bade ngiring, mung nyuhunkeun widi heula bade amitan ka pun bapa sareng pun biang!” Waler Elias, ”Jig balik heula, Ama moal ngahalang-halang!”
Elisa nyampeurkeun pasangan sapina, duanana ku anjeunna dipeuncit, dagingna dipasak diolahkeun di dinya, diseuneuanana ku rarangken sapi, tuluy disuguhkeun ka nu araya di dinya, seug didalahar. Geus kitu Elisa ngiring ka Elias sarta jadi pangbantu anjeunna.