Nincak taun kaopat ratus dalapan puluh ti sanggeus urang Israil budal ti Mesir, dina taun kaopat Suleman jumeneng raja di Israil, dina bulan Sip atawa bulan kadua, Suleman mimiti ngadegkeun Bait Allah.
Kamar sosompang panghandapna rubakna 2,2 meter, umpak tengah 2,7 meter, umpak pangluhurna rubakna 3,1 meter. Tembok gedong ka luhur digandet-gandet, tembokan lante beulah luhur leuwih ipis ti batan tembok lante handapeunana, nepi ka kamarna napak dina tembok sarta balok-balokna henteu katutup ku tembokan.
Ari batu-batuna geus dijieun dirupakeun ti tempat ngalina keneh, jadi waktu eta gedong dijieun teh henteu gandeng ku sora palu, baliung atawa parabot beusi lianna.
Di jero eta Bait Allah beulah tukang dijieun hiji kamar anu disebut Kamar Pangsucina, panjangna salapan meter, dipenggel ku papan kai kiputri, mimiti tina lante nepi kana lalangit.
Bilikna papan kiputri, dihias ku ukiran-ukiran anu direkakeun buah waluh jeung kekembangan. Rohangan jero kabeh dilapis ku papan kiputri, jadi batu-batu tembokanana henteu katembong.
Duanana saukuran jeung sabangun, sarta baroga jangjang anu panjangna masing-masing 2,2 meter, jadi mentangna ti tungtung ka tungtung jangjang teh 4,4 meter.
Ditangtungkeunana pagigir-gigir di jero Kamar Pangsucina, jangjang masing-masing sabeulah meber ka jero, tepungna di tengah-tengah kamar, jangjang anu sabeulah deui meberna antel kana bilik.
Daun-daun eta panto duanana dihias ku ukiran-ukiran mahluk-mahluk jangjangan, tangkal korma, jeung kekembangan. Daun-daun pantona, tiruan mukarabinna, jeung ukiran-ukiran tangkal kormana, dilapis ku emas.
Dina bulan Bul atawa bulan kadalapan, dina kasabelas taunna Suleman ngarajaan, eta Bait Allah sapuratina geus rengse dipidamelna, cocog sakumaha anu dipikahoyong ku Suleman. Lilana ngadegkeun tujuh taun.