Mantenna nimbalan kieu ka Suleman, ”Panyambat maneh ku Kami dimakbul. Ieu gedong anu diadegkeun ku maneh ku Kami bakal disucikeun, bakal dititenan, bakal diraksa sapapanjangna.
umat Kami Israil bakal disingkahkeun ti tanah paparin Kami. Sarta ieu gedong, sanajan ku Kami geus disucikeun baris tempat ngabakti ka Kami ge, tangtu ditinggalkeun. Jalma-jalma di mana-mana bakal moyok jeung mikaceuceub ka urang Israil.
Ieu gedong oge bakal burak-barik, jadi bahan gogodeg jeung pikageteun jalma-jalma anu ngaraliwat, jadi bahan silih tanya, ’Ku naon ieu nagara jeung Bait Allah teh nepi ka dikieukeun ku PANGERAN?’
Pananya kitu bakal dijawab kieu, ’Tamaha jalma-jalmana, malalungkir ka PANGERAN Allahna anu ngaluarkeun karuhunna ti Mesir, anggur ngabarakti ka allah sejen. Mana ku PANGERAN dikeunaan bahla.’ ”
Kayuna ti Raja Hiram ti nagara Tirus, kayu kiputri jeung kijamuju, sarta reujeung emasna sakahoyong Suleman. Sanggeus beres pisan, eta bahan adegan teh ku Suleman dibayar ka Hiram ku dua puluh kota di wewengkon Galilea.
Mana saur anjeunna ka Suleman, ”Ih Rayi, naha jiga kitu geuning wewengkon anu dipaparinkeun ka Akang teh?” Seug eta wewengkon teh dingaranan Kabul, nepi ka ayeuna.
Tanaga anu dikerid ku Raja Suleman teh digunakeun keur nyieun Bait Allah jeung karaton, nyieun adegan-adegan keur ngeusian tanah anu kosong di bagian kota beulah wetan, keur ngadegkeun kutana, jeung keur ngadegkeun deui kota Hasor, Megido jeung Geser. (
Kota Geser ku raja Mesir kungsi dirurug jeung dihuru, jalma-jalmana ditumpes. Tuluyna eta kota teh dilelerkeun ka putrana anu dipigarwa ku Suleman, hadiah pertikahanana.
ngadegkeun kota-kota pagudangan kagunganana, ngadegkeun kota-kota pikeun kuda-kudana jeung pikeun kareta-karetana, adegan-adegan lianna deui di Yerusalem, di Libanon, jeung di mana-mana deui di wewengkon karajaanana, sakahoyongna.
Tanaga-tanaga anu dikerid teh jalma-jalma turunan urang Kanaan anu ku urang Israil teu kungsi ditumpes waktu urang Israil ngarebut tanah milikna. Eta urang Kanaan teh kaasup urang Emor, urang Het, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus, anu turunan-turunanana jaradi bangsa badega nepi ka ayeuna.
Tanah anu kosong keneh di kota beulah wetan tea ku Suleman dieusian rupa-rupa adegan, sanggeus prameswarina, putra raja Mesir tea dialihkeun ti Kota Daud ka karaton anu diadegkeun ku anjeunna.
Tilu kali dina sataun Suleman ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan dina altar kengingna ngadegkeun kanggo PANGERAN, jeung ngukus ku seuseungitan ka PANGERAN. Kitu petana Suleman ngarengsekeun pagawean ngadegkeun Bait Allah.