Tapi henteu terus maehan ka anak-anakna, sabab anjeunna tunduk kana timbalan PANGERAN anu kaungel dina Hukum Musa, yen: ”Bapa teu meunang dihukum paeh ku karana kajahatan anakna; anak teu meunang dihukum paeh ku karana kajahatan bapana; sing saha anu jahatna, eta anu kudu dihukum paeh.”
Tapi ku Raja Yoas diwaler kieu, ”Sakali mangsa di Pagunungan Libanon, tangkal cucuk ngirim pamenta ka tangkal kiputri, pokna, ʼAnak awewe andika ku kula rek dipenta keur pibojoeun anak kaula.ʼ Pareng aya sato leuweung ngaliwat, tangkal cucuk teh kaidek.
Beu Amasia, ulah kena-kena geus bisa ngelehkeun urang Edom! Benerna geus mashur mah enggeus masing jongjon di imah. Keur naon ngusik-ngusik pibalaieun, anu temahna andika jeung rahayat cilaka?”
Amasia ku Yoas ditangkep jeung dicandak ka Yerusalem. Sumping ka Yerusalem, Yoas ngarugrugkeun kuta nagara ti semet Gapura Epraim nepi ka Gapura Juru, panjangna kira-kira dua ratus meter.
Emas perak anu kapendak ku Yoas dicandak, kitu deui paparabotan Bait Allah jeung rajabrana karaton kabeh dirampas, dicandak mulih ka Samaria. Malah nyandak sandera sababaraha urang.
Yarobam II putra Yoas jadi raja nagara Israil dina taun kalima belas Amasia putra Yoas ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana opat puluh hiji taun.
Anjeunna meunangkeun deui sakabeh wewengkon Israil, ti kalerna mimiti ti jalan ka Hamat, ka kidulna nepi ka Laut Paeh, tinekanan sakumaha jangji PANGERAN Allah Israil anu diandikakeun ka abdi-Na, Nabi Yunus bin Amitai ti Gat Heper.
Carita Raja Yarobam II salian ti eta, hal kagagahanana dina perang, jeung hal anjeunna mulangkeun Damsik jeung Hamat jadi deui bawahan nagara Israil, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.