KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Sanggeus Yoyakim jadi raja, nagara Yuda ditempuh ku Raja Nebukadnesar ti Babul. Yoyakim taluk terus ngawula meunang tilu taun tuluy mungkir, baha ka Nebukadnesar. |
| 2 |
| PANGERAN ka Yoyakim ngadatangkeun gorombolan-gorombolan urang Babul, urang Siria, urang Moab, jeung Amon, marawa pakarang sina ngagempur Yuda, sakumaha timbalana-Na anu diandikakeun ka para nabi, abdi-abdi-Na. |
| 3 |
| Pang kitu teh sabab PANGERAN geus ngandika baris nyingkirkeun urang Yuda ti payuneuna-Na, temahna tina dosa Raja Menase, |
| 4 |
| pangpangna ku sabab eta raja geus maehan mangpirang-pirang rahayat anu teu salah. Kajahatan Menase anu ieu ku PANGERAN teu dipaparin ampun. |
| 5 |
| Hal Raja Yoyakim salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda. |
| 6 |
| Sanggeus Yoyakim pupus tuluy diganti ku Yoyakin, putrana. |
| 7 |
| Ari raja Mesir sabaladna geus tara budal deui ti nagarana, lantaran tanah-tanah bawahan Mesir ti semet Walungan Eprat nepi ka wates tanah Mesir beulah kaler geus aya dina cangkingan raja Babul. |
| 8 |
| Yoyakin mimiti jadi raja Yuda dina yuswa dalapan belas taun, calikna di Yerusalem, marentahna tilu bulan. Jenengan ibuna Nehusta binti Elnatan ti Yerusalem. |
| 9 |
| Kalakuan Yoyakin nirca ti PANGERAN cara ramana. |
| 10 |
| Waktu anjeunna ngaheuyeuk, datang perwira-perwira Raja Nebukadnesar sabaladna ti Babul narajang Yerusalem; Yerusalem dikepung. |
| 11 |
| Sabot baladna keur ngepung, Nebukadnesar ku anjeun sumping ka Yerusalem. |
| 12 |
| Raja Yoyakin katut ibuna, putra-putrana, para kapala balad jeung para gegeden karaton ahirna serah bongkokan ka urang Babul. Dina taun kadalapan Nebukadnesar jumeneng raja, Yoyakin ku Nebukadnesar ditangkep, diasupkeun ka panjara. |
| 13 |
| Rajabrana Bait Allah jeung rajabrana karaton kabeh diakut ka Babul. Kabeh paparabotan emas anu dipidamel ku Raja Suleman pikeun Bait Allah, ku Nebukadnesar diruksak, bukti sakumaha timbalan PANGERAN bareto. |
| 14 |
| Urang Yerusalem katut para pangagung karajaan jeung para pamingpin, ku Nebukadnesar diakut ka Babul dijieun boyongan, kabehna aya sapuluh rebu urang. Jalma-jalma patukangan oge, ka panday-panday beusi kabeh dikerid. Anu dikarikeun di Yuda ngan jalma-jalma anu pangmariskinna. |
| 15 |
| Yoyakin oge ku Nebukadnesar diboyong ka Babul katut ibuna, garwa-garwana, mantri-mantrina jeung pamingpin-pamingpin lianna ti Yuda. |
| 16 |
| Jalma-jalma anu parenting ku Nebukadnesar kabeh dikerid ka Babul, kabehna aya tujuh rebu urang. Jalma-jalma patukangan, kaasup panday beusi, eta ge diakut kabehna aya sarebu urang, pangawakanana kabeh harade, surup jaradi prajurit. |
| 17 |
| Ari nagara Yuda ku Nebukadnesar sina dirajaan ku Matanya, kapiramana Yoyakin, anu jenenganana ku Nebukadnesar dilandi jadi Sidkia. |
| 18 |
| Sidkia mimiti jadi raja nagara Yuda dina yuswa dua puluh hiji taun, calikna di Yerusalem, marentahna sabelas taun. Jenengan ibuna Hamutal binti Yermia ti Libna. |
| 19 |
| Lampah Sidkia nirca ti PANGERAN sakumaha Raja Yoyakim. |
| 20 |
| PANGERAN kacida benduna, nepi ka urang Yerusalem jeung Yuda ku Mantenna disingkirkeun ti payuneuna-Na. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/2kings/024.mp3
25
24