Hiji mangsa Elisa ngawartosan ka wanita urang Sunem anu anakna dihirupkeun deui tea ku anjeunna. Eta wanita jeung kulawargana dipiwarang ngumbara heula ka mana bae, sabab tanah eta ku PANGERAN bakal didatangan paceklik tujuh taun.
Sabot Gehasi nyaritakeun petana Elisa ngahirupkeun deui budak anu geus maot tea, wanita teh marek ka raja, ngunjukkeun panuhunna. Ceuk Gehasi, ”Gusti Sang Raja, kaleresan, tah ieu wanita anu disanggemkeun teh, sareng ieu putrana, anu dihirupkeun deui ku Juragan Elisa.”
Waktu ku raja dipariksa, jawaban eta wanita teh ngaenyakeun kana caritaanana. Geus kitu raja nimbalan ka hiji ponggawa supaya sagala harta milik eta wanita dipulangkeun. Malah laladangan tina hasil lahanna salila ditinggalkeun nepi ka tujuh taun oge sakalian diserenkeun.
Seug nimbalan ka Hasael, salah sahiji mantrina, ”Elisa abdi Allah teh haturanan pangbakti. Unjukkeun kami hayang dipangnaroskeun ka PANGERAN bakal menyat deui atawa moal.”
Hasael tuluy nyadiakeun rupa-rupa barang buatan Damsik anu panghadena, dimuatkeun kana opat puluh onta, bral dibawa ngadeuheus ka Elisa. Sanggeus aya di payuneunana Hasael mihatur, ”Jisim abdi dipiwarang ku Raja Benhadad, seja nyuhunkeun citeres Ajengan, kumaha anjeunna teh bakal damang deui atanapi moal?”
Ceuk Hasael, ”Ku naon Ajengan bet nangis?” Saur Elisa, ”Lantaran Bapa terang kacilakaan anu ku hidep bakal dikeunakeun ka urang Israil. Kota-kota bentengna ku hidep bakal seep dihuru, para nonomanana dipeuncitan, orok-orokna dipepejet, nu keur ngarandung dibedelan beuteungna.”
Piunjuk Hasael, ”Beu, pimanaeun abdi tiasa midamel sapertos kitu? Abdi sakieu buktosna geuning!” ”Bapa geus terang ti PANGERAN, hidep bakal jadi raja Siria,” waler Elisa.
Isukna Hasael nyokot simbut dicelupkeun kana cai, tuluy dirungkupkeun kana raray raja, kusek raja pupus. Tuluy Hasael jadi raja Siria ngaganti Benhadad.
Ku sabab kitu Yehoram angkat nyandak pasukan kareta ka Sair. Di dinya anjeunna dikepung ku urang Edom, tapi peutingna anjeunna jeung para panglima pasukan kareta norobos kepungan musuh, ari prajurit-prajuritna kalabur, baralik ka imahna masing-masing.
Hiji mangsa Raja Ahasia samiuk jeung Raja Yoram perang ngalawan Raja Hasael ti nagara Siria. Sanggeus campuh di Ramot wewengkon Gilad, Yoram kabeunangan, salirana taratu,