Geus kitu Daud sasauran, ”Nya di dieu pitempateunana Bait GUSTI Allah teh. Nya di dieu pitempateunana altar paragi urang Israil ngaduruk kurban-kurban teh.”
Anjeunna geus sadia beusi pirang-pirang lobana keur nyieun paku jeung engsel pikeun panto kai. Tambaga oge sadia kacida lobana nepi ka moal bisa ditimbang.
Panggalihna, ”Bait Allah buatan anak aing teh kudu aheng, kudu matak mashur ka saalam dunya. Anak aing budak keneh jeung can aya kanyahona, jadi ku aing kudu dipangnyadiakeun bahan-bahanna.” Nu matak samemeh pupus teh Daud nyayagikeun heula bahan-bahan adegan kacida lobana.
Tapi PANGERAN teu masihkeun Ama nyieun eta gedong keur Mantenna, sabab timbalana-Na Ama teh geus loba teuing maehan, sering teuing perang, loba teuing ngocorkeun getih batur.
Tapi Mantenna jangji ka Ama, timbalana-Na, ’Maneh bakal boga anak anu bakal jadi raja jeung moal kasorang ku perang, ku Kami rek dikertakeun, moal disina didatangan ku musuh. Ari pingaraneunana Suleman, sabab sapanjang dirajaan ku manehna, Israil ku Kami rek disina aman santosa.
Nya manehna engke anu bakal nyieun gedong pikeun Kami. Manehna pijadieun putra Kami, Kami pijadieun Ramana. Turunanana pijadieun raja Israil sapapanjangna.’ ”
Daud terus keneh sasauranana, ”Mugia PANGERAN, Allah hidep, nyarengan ka hidep, Anaking! Mugia Mantenna ngalaksanakeun jangji-Na sangkan hidep bisa ngadegkeun eta gedong pikeun Mantenna.
Lamun hidep ngalakonan hukum-hukum anu ku PANGERAN ditimbalkeun ka Musa pikeun sakumna bangsa Israil, tangtu hasil sapaneja. Sing teteg gede hate, ulah sieun kitu sieun kieu.
Hal nyieun Bait Allah, bahanna Ama geus kukumpul, emas aya saratus rebu talenta, perak sajuta talenta, tambaga jeung beusi pirang-pirang, kayu jeung batu geus loba tapi ku hidep tambahan sing leuwih loba.
Saurna, ”Maraneh geus disarengan ku PANGERAN, Allah maraneh, aman santosa sakurilingna. Kami ku Mantenna dikersakeun bisa ngelehkeun bangsa-bangsa pribumi ieu tanah, sarta ayeuna eta teh jadi bawahan maraneh, diereh ku PANGERAN.
Nu matak maraneh kudu kumawula ka PANGERAN, Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa. Geura prak Bait Allah teh adegkeun. Tempatkeun engke di dinya Peti Perjangjian PANGERAN jeung sagala parabot suci paranti babakti ka Mantenna.”