opat rebu urang purah jaga, jeung opat rebu urang deui purah nyanggakeun lagu pupujian ka PANGERAN make tatabeuhan parantina, beunang nyadiakeun raja pikeun kaperluan kitu.
Simei putrana opat: Yahat cikalna, nu kadua Sina, nu katilu Yehus, nu kaopat Beria. Turunan Yehus jeung Beria dijadikeun hiji golongan lantaran teu sakumaha lobana.
Putra cikalna, nya eta Amram, eta teh ramana Harun jeung Musa. (Harun jeung saturunanana kalungguhanana dibedakeun, dibakukeun salawasna purah ngurus parabot-parabot suci, purah ngukus ngabakti ka PANGERAN, purah ngawulaan Mantenna jeung purah ngaberkahan jalma rea nyebut pajenengan PANGERAN.
Sakitu turunan Lewi, anu ngaran-ngaranna didaptarkeun nurutkeun warga jeung kulawargana masing-masing. Tiap jelema turunan maranehna ti semet umur dua puluh taun ka luhur mareunang gawe di Bait PANGERAN.
Ari papancenna nya eta: ngabantu para imam turunan Harun ngajalankeun kawajiban babakti di Bait Allah, ngurus palataran-palataran jeung rohangan-rohangan Bait Allah, bari ngajaga supaya barang-barang suci tetep suci kaayaanana;
nyadiakeun roti haturkeuneun ka Allah, ngurus tipung sasajen, kueh-kueh anu teu make ragi, gorengan-gorengan, ngurus tipung anu diadonan ku minyak jetun; nimbang jeung naker anu baris dibaktikeun di Bait Allah;
saban nyanggakeun kurban anu dibeuleum ka PANGERAN unggal-unggal poe Sabat, unggal pananggalan jeung unggal aya pesta lian ti eta. Eta pagawean-pagawean dijalankeunana ku urang Lewi unggal-unggal waktu sarta kabeh aya aturanana. Urang Lewi dibakukeun purah ngabakti ka PANGERAN salalawasna.
Maranehna dibarere kawajiban ngurus jeung ngarawatan Kemah Tepangan PANGERAN jeung Bait Allah, jeung ngabantu baraya-barayana nya eta imam-imam turunan Harun ngajalankeun kawajiban ibadah di Bait Allah.