Raja Daud nimbalan sangkan sakabeh pamingpin Israil kumpul di Yerusalem. Gancangna para pamingpin kaom, para pajabat anu ngurus gawe karajaan, para pamingpin golongan, para pangurus rajakaya jeung ingon-ingon kagungan raja sapala putra, cindekna para gegeden karaton, para perwira, jeung jalma-jalma anu parenting, geus kumpul di Yerusalem.
Daud ngadeg, ngadawuh ka aranjeunna, ”Dulur-dulur para kanca sanagara, rungukeun! Kami aya pasejaan hayang nyieun gedong anu maneuh pikeun tempat Peti Perjangjian, jojodog sampean PANGERAN Allah urang. Kami geus tarapti sasadiaan rek prak nyieun gedong keur kamulyaan Mantenna,
Kami saturun-tumurun ku PANGERAN Allah Israil dipilih pikeun ngatur Israil sapapanjangna. Kaom anu ku Mantenna dipilih pikeun jadi pamingpin nya eta kaom Yuda. Ti kaom Yuda, anu kapilih ku Mantenna teh kulawarga bapa kami, sarta ti lebah kulawarga eta nya kami anu ku Mantenna ditujul kudu jadi raja nyangking sakumna bangsa Israil.
Upama manehna terus enya-enya nurutna kana sagala hukum jeung parentah-parentah Kami saperti ayeuna, karajaanana ku Kami baris ditetepkeun salalawasna.’
Ku sabab kitu ayeuna di payuneun Allah urang, jeung dina ieu pajemuhan sakumna bangsa Israil anu jadi umat PANGERAN, kami meredih ka maraneh, rahayat kami, sing balener nya nurut kana sagala timbalan PANGERAN Allah urang, supaya bisa tetep ngamilik ieu tanah anu sakieu hadena, wariskeuneun ka saanak incu salalanggengna.”
Ti dinya anjeunna sasauran ka Suleman, ”Anaking, pamenta Ama, hidep masing madep ka Allah panutan bapa hidep, masing cengeng kumureb ka Mantenna dibarengan ku hate. Mantenna maha uninga kana sagala usiking pikiran jeung angen-angen urang. Asal hidep daek sumolondo tan wande ku Mantenna diangken. Sabalikna lamun hidep nukangan, tan wande ku Mantenna ditilar salalawasna.
Seug Daud ka Suleman maparin rancangan adegan-adegan anu tumali jeung Bait Allah, gudang-gudangna, rohangan-rohanganana, Kamar Pangsucina paranti ngahampura dosa,
kitu deui rancangan-rancangan anu aya keneh dina manahna hal palataran-palataran Bait Allah katut kamar-kamar sakurilingna, gudang-gudang panyimpenan paparabotan Bait Allah jeung kamar rajabrana pangbakti ka PANGERAN.
Kitu deui anjeunna mere pituduh, sakumaha kudu make emas murni pikeun nyieun garpuh-garpuh, bokor-bokor jeung kendi-kendi, kudu sakumaha make perak jeung emas pikeun nyieun piring-piring,
sakumaha kudu make emas murni pikeun nyieun altar paragi meuleum dupa jeung pikeun titihan paranti arca-arca mukarabin anu jangjangna meber ngauban Peti Perjangjian PANGERAN.
Ngalahir deui Raja Daud ka Suleman putrana, ”Sing pangger, sing junun. Geura prung pigawe, ulah digontot-gontot. GUSTI Allah anu ku Ama dikaulaan tan wande nyarengan ka hidep. Mantenna hamo nilarkeun, tangtu moal petot nyarengan nepi ka rengse sagala pagawean nyieun tempat pikeun ngabakti di eta Bait Allah kagungana-Na.
Papancen-papancen pikeun para imam jeung pikeun urang Lewi anu tumali jeung sagala pagawean di Bait Allah ku Ama enggeus diatur. Jalma-jalma patukangan anu kaahlianana rupa-rupa, anu geus saradia singkil ngabantu, kitu deui sakabeh jelema jeung para pamingpinna geura cangking, geura atur ku hidep.”