Mangsa eta aya dua nabi, Hagai jeung Jakaria bin Ido. Kalayan pajenengan Allah Israil, aranjeunna mimiti ngageuing ka urang Yahudi anu di Yuda jeung di Yerusalem.
Sanggeus panggeuingna kadangu ku Serubabel bin Sealtiel jeung ku Yosua bin Yosadak, prak bae aranjeunna mimiti deui ngagarap Bait Allah di Yerusalem, dibantu ku dua nabi tea.
Meh bareng harita keneh, Gupernur Tatenai ti Eprat Kulon, Setar Bosnai katut para gegeden kancana, sarumping ka Yerusalem, mariksakeun, ”Saha nu ngidinan ngadegkeun deui ieu Bait Allah sakieu lengkepna?”
Tapi Allah merhatoskeun sarta nangtayungan ka eta para pamingpin urang Yahudi, nepi ka eta para pajabat Persia teh mutus moal waka kua-kieu, rek ngirim surat heula ka Raja Darius sarta ngadago waleranana.
Unjuk uninga ka Kangjeng Raja, nalika abdi-abdi mariksa ka propinsi Yuda, eta Bait Allah kanggo Allah Nu Maha Agung tea nuju diawitan dipidamel deui. Tembokna tina geblegan-geblegan batu arageung sareng balok-balok kai, dipidamelna kalayan suhud, taliti ati-ati tur lulus-mulus.
Dupi wangsulanana kieu, ’Sim kuring teh abdi-abdi Allah anu ngadamel langit sareng bumi. Ieu anu nuju diadegkeun deui teh Bait Allah anu kapungkur kantos aya di dieu, lengkep sapuratina, kenging ngadegkeun hiji raja Israil anu kawasa.
Nanging karuhun sim kuring aya kalepatan ka Allah sakumna langit dugi ka dibenduan, lajeng diselehkeun ka Raja Nebukadnesar ti Babul, raja turunan urang Kasdim. Bait Allah dibasmi, rahayat ditawan, diboyong ka Babul.
Paparabotan Bait Allah tina emas sareng perak anu dijabel ku Raja Nebukadnesar sareng disimpen di kuil di Babul, ku Raja Kores diserenkeun deui ka Sesbasar, anu ku Sang Raja diangkat jadi gupernur Yuda.
Raja nimbalan ka anjeunna, supados eta paparabotan teh diwangsulkeun ka Bait Allah di Yerusalem, sareng Bait Allah teh dipiwarang diadegkeun deui dina urutna kapungkur.
Mugi Kangjeng Raja kersa marios serat-serat karajaan, kangge milari buktos, yaktos henteuna Raja Kores nimbalan ngadegkeun deui eta Bait Allah di Yerusalem. Salajengna abdi-abdi ngantos timbalan kumaha putusan Kangjeng Raja tina ieu perkawis.”