KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Raja Ahasweros, anu ngaraton di Susan, ibukota Persia, ngasta pamarentahan. Karajaanana ngawengku 127 propinsi, mimiti ti India nepi ka Sudan. |
| 2 |
| 3 |
| Dina katilu taunna jumeneng raja, anjeunna ngayakeun pesta keur para pajabat jeung gegeden-gegeden pamarentah. Para panglima Persia jeung Media, kitu deui para gupernur jeung para bangsawan ti saban propinsi, araya dina eta pesta. |
| 4 |
| Pesta nepi ka genep bulan, bari nembongkeun kakayaan eusining karaton, arendah, marulya, taya tandingna. |
| 5 |
| Sarengsena eta, raja ngayakeun deui pesta keur pangeusi kota Susan, nu baleunghar, nu mariskin. Pestana campleng saminggu di patamanan karaton. |
| 6 |
| Palataran dihias ku hordeng-hordeng warna bulao jeung bodas, make tali-tali tina kaen lenen wungu, ditalikeun kana ali-ali perak anu dipasang dina tihang-tihang marmer. Katil emas jeung katil perak ditagenkeun di palataran anu lantena ku ubin marmer bodas, ubin beureum, giwang anu gilap jeung batu pirus bulas. |
| 7 |
| Inuman diidangkeun dina cangkir emas warna-warni taya anu sarupa, turug-turug raja teu lebar ku anggur tina sisimpenan pikeun karaton. |
| 8 |
| Ngarinumna teu diwates, sakumaha parentah raja ka gandek-gandek karaton, supaya anu paresta teh ngaraleueutna sasukana. |
| 9 |
| Satengahing kitu prameswari ge, Ratu Wasti, di lebet ngayakeun pesta. Ieu mah keur kaom wanita. |
| 10 |
| Dina poe katujuhna pesta, ku perbawa cianggur sang raja ngaraos gerah. Seug nyaur gandek kadeuheus, tujuh lalaki kabiri, ngaranna Mahuman, Bista, Harbona, Bigta, Abagta, Setar jeung Karkas. |
| 11 |
| Ditimbalan ngangkir Ratu Wasti kalawan saged nganggo makuta ratuna. Sang raja palay nembongkeun prameswarina ka para gegeden jeung tamu-tamu lianna, kawantu geulisna kawanti-wanti. |
| 12 |
| Tapi ratu nolak pamundut raja. Atuh raja bendu, manahna ngentab. |
| 13 |
| Sang raja geus biasa sok mundut bongbolongan ka ahli-ahli tina perkara undang-undang jeung tata cara. Ti dinya anjeunna manggil juru-juru nasehatna nu nyaho kudu kumaha nya pilampaheun. |
| 14 |
| Juru-juru nasehat anu pangseringna disaur ku raja nya eta: Karsena, Setar, Admata, Tarsis, Meres, Marsena jeung Memukan, anu jaradi pajabat pangluhurna di karajaan Persia jeung Media. |
| 15 |
| Lahiran raja ka aranjeunna, ”Kula, Raja Ahasweros, nitah gandek-gandek sangkan Ratu sina marek, Ratu teu nurut. Kumaha eta ceuk undang-undang?” |
| 16 |
| Memukan miunjuk ka raja jeung para pajabat, saurna, ”Ratu Wasti sanes mung baha ka kersa Sang Raja, nanging ka para pajabat ongkoh, malah ka sadaya lalaki di ieu karajaan. |
| 17 |
| Margi saupami eta peta Ratu kauar-aer, tangtos unggal wanita nyapirakeun salakina. Margi tangtos bakal kieu nyaranggemna, ’Raja Ahasweros geuning timbalanana ku Ratu Wasti henteu didangu.’ |
| 18 |
| Perkawis eta, dinten ieu keneh oge tangtos ku bojo-bojo para pajabat Persia sareng Media dicarioskeun ka salakina masing-masing. Ahirna di mana-mana bojo-bojo baris moal hormat ka salaki, salaki-salaki baris ambek-ambekan ka bojo. |
| 19 |
| Manawi sapuk, Sang Raja sae ngadamel pangumuman karajaan, ngumumkeun yen Wasti teu meunang tembong deui di payuneun Raja. Hal eta utamina diserat dina undang-undang Persia sareng Media, tawis hamo barobah. Salajengna Ratu kedah dicopot tina karatuanana, gentos ku istri nu langkung utami. |
| 20 |
| Saparantos ieu pangumuman nyebar di sakuliah karajaan anu lega upluk-aplak, tangtos kaom wanita teh baris ngesto ka salaki, boh beunghar, boh miskin.” |
| 21 |
| Eta pihatur kaluyuan ku raja jeung ku pajabat-pajabat. Pituah Memukan ku raja dijalankeun. |
| 22 |
| Ngintunkeun serat-serat ka unggal propinsi sakarajaanana nurutkeun tulisan jeung basana masing-masing, unina: Nu jadi kapala kulawarga teh nya eta salaki. Saucap-ucapna kudu diestokeun. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/esther/001.mp3
10
1