KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Raja Ahasweros, ngeunakeun kerja paksa ka rahayat anu di daerah-daerah basisir karajaanana, kitu deui ka nu di daerah-daerah padusunan. |
| 2 |
| Sagala padamelanana nu harebat sarta gagah, kitu deui salengkepna riwayat dijungjungna Mordekai kana pangkat anu agung, diserat dina kitab babad raja-raja Persia jeung Media. |
| 3 |
| Mordekai, urang Yahudi tea, jadi jalma agung nu kadua ti Raja Ahasweros ku anjeun. Dipupunjung diagung-agung, dipikaresep ku sasama bangsa. Anjeunna geus barang damel pikeun kamaslahatan bangsana, kitu deui keur pirahayueun sakabeh turunanana. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/esther/010.mp3
10
10