|
| 1 |
|
| Eta omongan, saucap-ucapna pikeun kuring mah teu aneh deui. Lain ngan anjeun bae, kuring ge nyaho taya kacekna. |
|
| 2 |
|
|
|
| 3 |
|
| Kuring kukulutus teh lain ka aranjeun, tapi ka Allah, rek ngabela perkara kuring. |
|
| 4 |
|
| Aranjeun teh bodo, tapi pura-pura pinter, nyeta-nyeta dukun lepus padahal taya kamampuh. |
|
| 5 |
|
| Mending repeh, sugan bae disangka pinter! |
|
| 6 |
|
| Anggursi dengekeun, heug ngaraskeun ka kuring. |
|
| 7 |
|
| Rek naon bohong pipinteranan? Kutan rek ngabantu Allah ku bohong? |
|
| 8 |
|
| Arek sasanggupanan mantuan ka Mantenna, arek ngabela perkara Mantenna di pangadilan? |
|
| 9 |
|
| Lamun diri aranjeun ku Mantenna ditoong ditempo, aya kira-kirana nu hade di dinya? Dikira Allah iasa dibobodo kawas aranjeun ngabobodo manusa? |
|
| 10 |
|
| Kereteg prasangka anu buni ge, mo burung ku Mantenna diseukseukan, |
|
| 11 |
|
| kakawasaan Mantenna bakal nagiwurkeun anjeun. |
|
| 12 |
|
| Papatah-papatah aranjeun lir kebul, taya gunana. Pangbantah-pangbantah aranjeun lembek kawas taneuh porang. |
|
| 13 |
|
| Jadi, mending repeh, kuring rek nyarita. Balukarna mah kumaha engke. |
|
| 14 |
|
| Geus nekad, paeh hirup kumaha behna. |
|
| 15 |
|
| Rek dipaehkeun oge ku Allah mangga teh teuing, da puguh geus taya pisan harepan. Jadi matak naon mun balaka ngabela sagala laku lampah ka Mantenna. |
|
| 16 |
|
| Malah ceuk rarasaan, wani kieu teh asa matak salamet, da ari nu jahat mah piraku wani kieu ka Allah. |
|
| 17 |
|
| Jadi, bandungan ieu omongan kuring. |
|
| 18 |
|
| Kuring geus tarapti, omongan enggeus diatur, sabab yakin diri kuring bener. |
|
| 19 |
|
| Ya Allah, leres Gusti teh bade nuding ka abdi? Upami leres, teu sawios abdi seja repeh dugi ka paeh. |
|
| 20 |
|
| Nanging gaduh dua rupi panuhun. Upami dikabul, abdi moal dugi ka nyumput ti kersa Gusti. |
|
| 21 |
|
| Kahiji, abdi ulah hantem bae disiksa, kadua, ulah dibegbregan bae ku kasieun. |
|
| 22 |
|
| Bilih bade Gusti heula nu nyual, mangga, abdi nu ngawangsul. Bilih kedah abdi heula, mangga, Gusti anu ngawaler. |
|
| 23 |
|
| Mangga sebatkeun bae, sakumaha seueurna kalepatan sareng dosa abdi, sebatkeun bae, naon kajahatanana. |
|
| 24 |
|
| Ku naon Gusti teh mungkur ti abdi, ku naon abdi teh dianggap musuh? |
|
| 25 |
|
| Bade ngagebrag? Abdi mah ukur kalakay, gampil diramesna, sakadar jarami garing, gampil diririkesna. |
|
| 26 |
|
| Anu pait anu peuheur, breg ku Gusti dibegbregkeun ka diri abdi, malah kasalahan nu enggeus-enggeus ge begbregkeun sakalian. |
|
| 27 |
|
| Suku dibangkol, dirante, unggal lengkah diawaskeun, malah ka tapak-tapakna dugi ka dilelekan. |
|
| 28 |
|
| Atuh tangtos bae abdi teh ngarempeyek jeg kai bobo, jeg baju dihakanan geget dugi ka karancang. |
|
|
|
|