KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| ”Ayub! Kuring mah heran, bet anjeun anu keur kitu make teu bisa repeh. Cik eureun ngomong teh, dengekeun batur. |
| 2 |
| 3 |
| Na dikira batur teh bodo kawas kebo? |
| 4 |
| Geuning eta kalah ka ripuh da ambek-ambekan bae. Naha kitu keur kapentingan anjeun jagat kudu runtag, gunung kudu urug? |
| 5 |
| Cahaya jalma jahat mah bakal dipareuman terus, moal diseungeut deui, moal dihurungkeun deui, |
| 6 |
| lampu di jero kemahna baris disina poek. |
| 7 |
| Ngalengkahna memang teteg, tapi terus titajong, bluk bae labuh jadi korban polahna sorangan. |
| 8 |
| Leumpang nyampeurkeun jiret, sukuna kasarimped |
| 9 |
| keuneungna kajepit ku tataheunan teu bisaeun deui incah. |
| 10 |
| Dina taneuh lebah nu buni aya jiret, dina jajalaneunana aya nu masangan pitapak. |
| 11 |
| Balai ngintip sakurilingna, nutur-nutur lengkahna. |
| 12 |
| Urut beunghar jadi kalaparan, mana dikikintil ku balai. |
| 13 |
| Awak digulung ku kasakit anu mateni, nepi ka leungeun jeung sukuna buruk. |
| 14 |
| Seug ditongtak ti imah tempat senangna, disered ka hareupeun Malakalmaot. |
| 15 |
| Ari imahna diandih batur, saha bae nu daekeun, kitu ge sanggeus disemprotan heula ku walirang, dibasmi heula kuman-kumanna. |
| 16 |
| Mun tangkal mah akarna paeh, dahanna gararing. |
| 17 |
| Ulah boro ku anu jauh, ku nu di imahna ge geus tara disebut-sebut, geus tara diinget-inget. |
| 18 |
| Geus dibuang ti dunyana nu harirup, disuntrungkeun ti nu caang ka nu poek. |
| 19 |
| Heug teu boga anak, euweuh keur nuluykeun turunan. |
| 20 |
| Sakur anu ngadarenge nasibna, ti wetan nepi ka kulon ukur bati kukurayeun, sieun ngalaman nu kawas kitu. |
| 21 |
| Kitu bagianana jalma doraka mah. Jalma anu teu ngandel ka Allah mah kabeh oge kitu wawalesna.” |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/job/018.mp3
42
18