|
| 1 |
|
| ”Na aya jelema, najan anu pangpinterna, anu baris mangpaʼat ka Gusti Allah? |
|
| 2 |
|
|
|
| 3 |
|
| Upama anjeun bener ge tur hade gawe, keur Mantenna mah naon piuntungeunana, moal matak ngabantu. |
|
| 4 |
|
| Mana ku Mantenna dilara-lara, diterapan cocoba oge lain ku sabab anjeun ibadah, |
|
| 5 |
|
| tapi ku sabab geus loba teuing dosa, geus kacida dorakana. |
|
| 6 |
|
| Ka dulur ge tega ngarampas gadeanana, nepi ka ngarangsadan, nepi ka dulur teu boga keur salin-salin acan. |
|
| 7 |
|
| Ka nu mopo tara mere nginum-nginum acan, ka nu kalaparan bororaah mere dahar. |
|
| 8 |
|
| Kalah ka ngarampas tanah, dicokot salegana, ngagunakeun kakawasaan jeung kalungguhan. |
|
| 9 |
|
| Ka nu geus raranda cadu ngabantu, ka nu yatim tega ngarampog, tur neungteuinganan. |
|
| 10 |
|
| Atuh pantes ayeuna anjeun dironom bahla, ngadak-ngadak loba kasieun, |
|
| 11 |
|
| poe jadi poek medem nepi ka anjeun teu bisa nenjo, sarta kalimpudan caah. |
|
| 12 |
|
| Allah teh jumeneng-Na di nu pangunculna, di manggung, ka bentang-bentang anu sakitu luhurna ge ningali-Na teh bari tungkul. |
|
| 13 |
|
| Kari-kari ceuk anjeun, ʼUninga naon Gusti Allah, da Mantenna mah di ditu, kahalangan ku angkeub, mo iasa naon-naon.ʼ |
|
| 14 |
|
| Anjeun ngira, Mantenna moal ningalieun waktu keur angkat dina pelengkung langit, lantaran kahalangan ku mega. |
|
| 15 |
|
| Bet kitu pipikiran anjeun mah, dipake nuturkeun jalan nu disorang ku nu jarahat. |
|
| 16 |
|
| Mungguh nu karitu tea, memeh tepi ka mangsa ge geus palid manten ku caah. |
|
| 17 |
|
| Moal teu karitu jelema-jelema nu nolak Allah mah, nu teu percaya yen Mantenna kawasa ka manusa. |
|
| 18 |
|
| Padahal barisana mukti teh ku saha lamun lain ku Gusti Allah. Kuring mah teu ngarti kana pipikiran jelema jahat teh. |
|
| 19 |
|
| Nu matak pantes, mun aya nu jahat meunang wawales teh. Jelema-jelema anu balener jeung teu baroga salah mah kacida aratoheunana. |
|
| 20 |
|
| Moal henteu, nu jarahat mah sagala pangabogana baris dibasmi, sesana dihuru nepi ka taya nu kari. |
|
| 21 |
|
| Anu matak, ayeuna mah sing nurut ka Allah, sing sadrah, ulah ngamusuhan kitu, sangkan ginanjar berkah-Na. |
|
| 22 |
|
| Turut piwulang-Na, imankeun timbalana-Na, teundeun dina ati sanubari. |
|
| 23 |
|
| Kudu handap asor rendah hate, tobat ka Allah, eureunan sagala dosa jeung kadorakaan. Sing beresih rumah tangga teh tina sagala masiat. |
|
| 24 |
|
| Emas-emasan piceunan, nu pangalusna ge tong lebar alung-alungkeun ka leuwi. |
|
| 25 |
|
| Nu jadi emas perak urang, leuwih mulya batan eta, tur taya wates wangenna, nya Allah Nu Maha Kawasa. |
|
| 26 |
|
| Lamun kitu, batin anjeun moal weleh ngait ka Allah, da karasa Mantenna teh sumber kabagjaan anjeun. |
|
| 27 |
|
| Mun sasambat ku Mantenna tangtu diwaler, sarta anjeun baris nekanan panadaran. |
|
| 28 |
|
| Sagala usaha baris ngajadi, jalan hirup ngabulungbung, caang sagala-galana. |
|
| 29 |
|
| Jalma anu rendah hate, tangtu diraksa ku Allah, sabalikna ari adigung mah baris digejretkeun. |
|
| 30 |
|
| Lamun hirup anjeun lempeng sarta satemenna, sarta bener dina sagala tingkah laku, tangtu ku Mantenna dirahayukeun.” |
|
|
|
|