KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| ”Kuring tetep teu tarima, tetep tugenah ku Mantenna. Kumaha teu rek ngarasula? |
| 2 |
| 3 |
| Atoh temen mun bisa manggihan Mantenna, ngan teu nyaho kudu ka mana neangna. |
| 4 |
| Mun geus aya di payuneuna-Na mah, sagala hal kuring nu jadi kapanasaran, tangtu diunjukkeun, ditembrakkeun. |
| 5 |
| Hayang nyaho rek ngadawuh kumaha, rek kumaha ngawaler-Na. |
| 6 |
| Naha baris ngabantah tur nganggo sagala kakawasaana-Na? Sageuy! Sageuy Mantenna teu kersaeun nimbang. |
| 7 |
| Balaka bae kuring mah arek silih tempas jeung Mantenna. Sageuy teu diangken, yen kuring teh ti bareto nepi ka ayeuna henteu salah naon-naon. |
| 8 |
| Hanjakal, Mantenna diteang ka wetan teu nyampak, didongdon ka kulon kosong. |
| 9 |
| Diteang ka kaler henteu kawenehan, tuluy disusul ka kidul, suwung, di dinya ge teu katingal. |
| 10 |
| Parandene kitu, unggal kuring ngalengkah ge kadangueun, jadi upama kuring diuji teh tangtu kauninga lampah kuring teh beresih, |
| 11 |
| lantaran tigin nuturkeun tapak lacak-Na, tara nyimpang-nyimpang, |
| 12 |
| salawasna nurut kana timbalana-Na, taʼat kana pangersa-Na, tara mawa karep sorangan. |
| 13 |
| Mantenna tara owah gingsir, moal aya nu bisa ngarobah pamadegana-Na, moal aya nu bisa mapalangan kana sagala kersa-Na. |
| 14 |
| Mantenna kagungan rarancang kacida lobana, aya sarupa anu rek dilarapkeun ka diri kuring, tur pasti ku Mantenna dilaksanakeun, |
| 15 |
| nepi ka kuring sumeblak aya di payuneuna-Na, bawaning ku seber kabina-bina. |
| 16 |
| Wawanen kuring nepi ka beak dipupul ku Nu Maha Kawasa. Nya ku Mantenna kuring ngarasa gimir teh, lain ku poek anu geus ngalolongkeun paningal kuring. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/job/023.mp3
42
23