KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| ”Euleuh, mani capetang kitu eta anjeun, ngabela kuring anu nya lemah nya nandang lara! |
| 2 |
| 3 |
| Mani pertengtang mere bongbolongan ka jelema pantar kuring anu sakieu bodona! |
| 4 |
| Cik, ka saha maksudna eta kasauran teh, ti saha meunang ilhamna.” |
| 5 |
| ”Arwah-arwah jelema nu geus maraot tingdaregdeg cai sapangeusina galumeter. |
| 6 |
| Tempat pangancikan nu maraot nonggerak payuneun Allah, turub-turubna teu bisa ngalingan paningali-Na. |
| 7 |
| Allah ngadingdingkeun langit di tungtung kaler, ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung. |
| 8 |
| Mantenna minuhan mendung ku cai, tur mendungna teu datang ka bedah. |
| 9 |
| Bulan purnama direueukan ku mega. |
| 10 |
| Caang dipisahkeun ti nu poek, wawatesanana ngagulimeng tepung gelang luhureun sagara. |
| 11 |
| Lamun tihang-tihang langit diinggeung-inggeung, seug eta teh genjlong, gumeter bawaning ketir. |
| 12 |
| Ku pangawasa Mantenna laut datang ka tagiwur. Rahab si naga laut ge kasoran, tiwas ku kawijaksanaan Mantenna. |
| 13 |
| Ku napas Mantenna bray langit lenglang, panangana-Na newak naga laut nu keur kabur, bek dipaehan. |
| 14 |
| Eta anu sakitu poharana teh, kakara mangrupa kila-kilana bae tina kakawasaan Mantenna, minangka harewos-harewos-Na anu katepi ku ceuli urang. Geus komo teuing kaagungan Mantenna sagemblengna, pamohalan bisa kajugjugan.” |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/job/026.mp3
42
26