|
| 1 |
|
| Saur Elihu deui, |
|
| 2 |
|
| ”Sabar heula sakedap, dangukeun deui pihatur sim kuring, kalayan pajenengan Allah. |
|
| 3 |
|
| Pangarti sim kuring teh mahi, ayeuna rek digunakeun, rek dipake nembongkeun yen Allah anu ngajadikeun sim kuring teh estu bener. |
|
| 4 |
|
| Sim kuring sanes rek ngabobodo. Ieu anu dipayunan teh jalmi cekap bijaksana. |
|
| 5 |
|
| Allah teh maha perkasa! Tapi ka jalma teu mandang rendah. Tur keur Mantenna mah taya hal nu teu kahartos. |
|
| 6 |
|
| Mantenna tara ngantep jalma jahat nanjung. Sabalikna anu sangsara mah dibela. |
|
| 7 |
|
| Anu balener dijaga diraksa, sina sajajar jeung raja-raja, sina mulya salalawasna. |
|
| 8 |
|
| Jelema nu dirante, tur sangsara ku pamolahna, |
|
| 9 |
|
| ku Mantenna dibere terang, yen kituna teh ku karana dosana jeung adigungna. |
|
| 10 |
|
| Ti dinya digeuing dipepelingan sangkan babalik pikir. |
|
| 11 |
|
| Anu narurut sarta ngabakti ka Allah, hirupna mukti santosa. |
|
| 12 |
|
| Sabalikna mun ngabaha eta teh tetela bodo, sabab tangtu cilaka tigebrus ka jero kubur. |
|
| 13 |
|
| Mungguh nu henteu malire ka Allah, angger bae murka, dihukum ge pamohalan sasambat ka Allah. |
|
| 14 |
|
| Ngora-ngora keneh jiwana geus paeh, ruksak ku laku hirupna nu nista. |
|
| 15 |
|
| Manusa ku Allah sok dipeperih, dipaparin kasukeran, eta maksad-Na ngawulang sangkan areling. |
|
| 16 |
|
| Bapa ge geus tangtu baris dijait, dipaparin deui kabagjaan, hirup mo aya kakurang. |
|
| 17 |
|
| Hukuman anu keur karandapan, eta teh balukarna tina lalampahan. |
|
| 18 |
|
| Atos-atos, najan lara ulah dugi ka sasar ucap, ulah nepi ka ngaco ku beuratna sarat. |
|
| 19 |
|
| Menta tulung nepi ka jejeritan ge, meak-meakkeun tanaga, moal aya tulungna. |
|
| 20 |
|
| Peuting tong diarep-arep datang, saʼat pimusnaeunana bangsa-bangsa. |
|
| 21 |
|
| Atos-atos, ulah malikan deui dosa. Kapan nu matak Bapa nandangan lara oge, maksad-Na sangkan ulah dugi ka kitu. |
|
| 22 |
|
| Sing emut, Allah teh Maha Kawasa, Allah teh Guru Nu Agung, guru urang sarerea. |
|
| 23 |
|
| Moal aya nu bisa nguah-ngieuh ka Mantenna kudu kitu kudu kieu, atawa nyela dadamelana-Na. |
|
| 24 |
|
| Sagala damel-Na salawasna layak dimulyakeun. Bapa oge kudu ngamulyakeun. |
|
| 25 |
|
| Sagala tapak damel-Na eces ebreh ka sarerea, tapi saurang ge moal aya nu ngaharti. |
|
| 26 |
|
| Kaagungana-Na lain jugjug-jugjugeun, kitu deui lawasna Mantenna jumeneng, lain taksir-taksireun. |
|
| 27 |
|
| Nya Allah nu nyaabkeun cai tina beungeut bumi, lajeng dikucurkeun deui ngajadi hujan. |
|
| 28 |
|
| Hujan ngucur tina mega mendung, jadi rahmat ka sakabeh manusa. |
|
| 29 |
|
| Saurang taya terang jalanna mega di awang-awang, kumaha jadina gelap ngabeledag di langit, panglinggihan Allah. |
|
| 30 |
|
| Kilat sina patingburinyay di angkasa, ari di dasar sagara angger-angger poek ngajumbleng. |
|
| 31 |
|
| Kitu Mantenna ngayakeun jalan geusan ngabayuan manusa, keur nyayagikeun dahareunana kalawan taya kakurang. |
|
| 32 |
|
| Kilat ditewakan, digenggem, lajeng ditimbalan sangkan nyamber titik tujuan. |
|
| 33 |
|
| Lamun gelap ngabeledag, ciciren topan rek datang, dalah sasatoan oge nyaho yen eta teh tandaning topan rek ngamuk. |
|
|
|
|