|
| 1 |
|
| Ti dinya PANGERAN ngadawuh ka Ayub ti jero angin ribut, dawuhana-Na: |
|
| 2 |
|
| ”Saha maneh, campelak kana hikmat Kami, make ucap-ucap anu nya bodo nya kosong? |
|
| 3 |
|
| Maneh geura cengkat, masing cangker sakumaha layakna lalaki. Sing sadia pijawabeun, Kami seja barang tanya: |
|
| 4 |
|
| Geus aya maneh basa Kami ngadegkeun jagat? Lamun enya nyaho, sebutkeun. |
|
| 5 |
|
| Saha anu nangtukeun legana? Saha anu narik tali ukuranana? Eta kabeh, nyaho maneh pijawabeunana? |
|
| 6 |
|
| Kana naon nyeblokna tihang-tihang anu nanggeuy bumi? Saha nu masangkeun batu juru alam dunya? |
|
| 7 |
|
| Poe eta wanci subuhna bentang-bentang ragem ngarawih jeung mahluk-mahluk surga sarurak bungah. |
|
| 8 |
|
| Saha nu ngabendung lawang-lawang sagara basa eta ngagurudag gumelar ti jero kandungan bumi? |
|
| 9 |
|
| Nya Kami. Seug sagara ku Kami disimbutan ku angkeub mendung, dibedong ku mega nu reueuk hideung. |
|
| 10 |
|
| Tuluy dibere ciri wawatesanana, dikeureut keur geusan kandeg, lebah tulak lawang-lawang, |
|
| 11 |
|
| bari ditimbalan, ʼGeus, semet dieu, ulah terus! Lebah dieu angkara ombak maneh kudu eureun.ʼ |
|
| 12 |
|
| He Ayub, kungsi maneh dina salila hirup nitah ka poe sina geura subuh? |
|
| 13 |
|
| Enggeus maneh nitah ka sang pajar, nitah nyekel tungtung bumi, sina ngirabkeun umat doraka anu nyamuni di nu baruni? |
|
| 14 |
|
| Ari enggeus bray beurang, gunung-gunung jeung jungkrangna narembongan, tingkarendu jiga lawon ngagunduk kawas anu dicapkeun dina taneuh liket. |
|
| 15 |
|
| Cahya beurang keur umat nu jahat mah, pohara matak serabna, geusan nyegah maranehna tina papaksa. |
|
| 16 |
|
| Kungsi maneh nincak kana sirah laut, atawa ngajajah dasar sagara? |
|
| 17 |
|
| Kungsi ka maneh aya nu ngebrehkeun lawang-lawang, anu brasna ka alam kubur? |
|
| 18 |
|
| Boga maneh pangabisa geusan ngukur legana jagat? Jawab, lamun enya nyaho! |
|
| 19 |
|
| Nyaho maneh, ti mana asalna caang? Naon ari nu jadi sumbering poek? |
|
| 20 |
|
| Bisa maneh nuduhkeun ka dinya kudu nepi ka mana majuna, atawa nitah sina baralik deui ka urut inditna? |
|
| 21 |
|
| Tangtuna moal teu nyaho da geus sakitu kolotna. Maneh teh lain dijurukeun samemeh alam dunya digelarkeun? |
|
| 22 |
|
| Kungsi maneh ngalanglangan gudang salju jeung hujan es? |
|
| 23 |
|
| Eta ku Kami dihaja disimpen, geusan dikaluarkeun dina usum werit, dina usum perang jeung usum jurit. |
|
| 24 |
|
| Kungsi maneh ngadongdon tempat bijilna sang surya, atawa ka pangancikan gelebugna angin ti wetan? |
|
| 25 |
|
| Saha nu nyieun wahangan keur nadah cihujan? Saha nu naratas pijalaneun kilat jeung guludug? |
|
| 26 |
|
| Saha nu nurunkeun hujan ka tempat suwung taya jalmaan? |
|
| 27 |
|
| Saha nu nginuman tanah anu nya keri nya garing, nepi ka jujukutan jararadi? |
|
| 28 |
|
| Ari hujan atawa ibun bogaeun bapa? |
|
| 29 |
|
| Saha indungna ari es jeung cai kimpel, |
|
| 30 |
|
| anu ngalantarankeun cai teuas kawas batu, beungeut sagara jeger kimpel ngajadi es? |
|
| 31 |
|
| Bisa maneh meungkeut Bentang Tujuh jadi saranggeuy, atawa ngudaran panyimpay Bentang Orion? |
|
| 32 |
|
| Bisa maneh ngabijilkeun bentang-bentang, luyu jeung usum-usumna, atawa ngangon bentang Biruang nu gede jeung nu leutikna? |
|
| 33 |
|
| Nyaho maneh aturan tataning langit? Bisa maneh nerapkeun pangaruhna mega ka bumi? |
|
| 34 |
|
| Bisa maneh ngageroan mega sarta marentah ka dinya, sangkan nurunkeun hujan geusan nyiram awak maneh? |
|
| 35 |
|
| Bisa maneh nitah ka kilat sangkan ngerelep, nepi ka kilat teh nyampoyong barina ngomong, ʼNgiringan sakersa Juraganʼ? |
|
| 36 |
|
| Saha anu ngabejaan manuk waliwis nepi ka nyahoeun yen Walungan Nil baris banjir? Saha anu ngabejaan cangehgar nepi ka nyahoeun yen bakal hujan? |
|
| 37 |
|
| Ti antara nu pangpinterna, saha nu bisa milang mega mendung, sarta nyolokan sina bocor ngucurkeun hujan, |
|
| 38 |
|
| sangkan taneuh nu geus ngabata ngajadi ledok? |
|
| 39 |
|
| Sanggup maneh mangmorokeun mamangsan keur singa, jeung pikeun anak-anakna nu kalaparan, |
|
| 40 |
|
| ana keur kapaksa kudu nararumpi dina dungusna, atawa kudu dararepa dina guhana? |
|
| 41 |
|
| Saha nu maraban gagak lapar kumalayang, sarta anak-anakna rarecet patingarenggak ka Kami marenta parab? |
|
|
: |
| 1 | | 2 | | 3 | | 4 | | 5 | | 6 | | 7 | | 8 | | 9 | | 10 | | 11 | | 12 | | 13 | | 14 | | 15 | | 16 | | 17 | | 18 | | 19 | | 20 | | 21 | | 22 | | 23 | | 24 | | 25 | | 26 | | 27 | | 28 | | 29 | | 30 | | 31 | | 32 | | 33 | | 34 | | 35 | | 36 | | 37 | | 38 | | 39 | | 40 | | 41 | 1
1
1 |
|
|---|
|
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/job/038.mp3
42
38