|
| 1 |
|
| Bisa maneh newak Lewiatan, ditohok atawa dieurad letahna tuluy dibedol? |
|
| 2 |
|
| Bisa maneh ngerong cungurna ku dadung atawa ngait cacapekna ku ruruhit, |
|
| 3 |
|
| nepi ka eta lumengis menta dileupaskeun deui, atawa ampun-ampunan menta karunya, |
|
| 4 |
|
| atawa ngikrarkeun akad sumpah yen seja kumawula ka maneh saumur-umur? |
|
| 5 |
|
| Bisa eta teh ku maneh dicocoo kawas manuk ingu, atawa dijieun tongtoneun lanjang-lanjang maneh? |
|
| 6 |
|
| Na eta teh bisa ditatawarkeun ka palika, atawa dijual ka tukang lauk sakeleng-sakeleng? |
|
| 7 |
|
| Na teurak kulitna ditusuk ku trisula atawa ditojos huluna ku tohok? |
|
| 8 |
|
| Pek pangangguran toel, sakali ge maneh kapok, bangbaungeun saumur hirup, mo poho-poho basa keur tarungna! |
|
| 9 |
|
| Kakara ku nenjona ge geus ngalumpuruk, kabur manten pangacian. |
|
| 10 |
|
| Ana eta geus culanggeuk, dangongna pikagimireun, bororaah aya nu wani deukeut-deukeut. |
|
| 11 |
|
| Di sajagat hamo aya nu sanggup tarung jeung eta, bari salamet teu paeh. |
|
| 12 |
|
| Urang tataan ku Kami wincikan anggahotana, sakumaha gagahna, sakumaha rongkah tanagana. |
|
| 13 |
|
| Kulit luarna pamohalan bisa kasebit, pakarang pamohalan aya nu bisa nyempalkeun. |
|
| 14 |
|
| Saha nu sanggup nyalawakkeun sungutna, anu ranggeteng ku huntu, sareukeut matak palaur? |
|
| 15 |
|
| Tonggongna jeg dilakop ku rebuan batok, teuas alah batan batu, mani kekep parerekep, |
|
| 16 |
|
| pateteep raraket padedempet, nepikeun ka hawa ge mo bisa seseleket. |
|
| 17 |
|
| Awahing ku kekep jeung rekep, pamohalan aya kulitna nu bisa kabeset. |
|
| 18 |
|
| Beresinna mani ngaburinyay, matana moncorong lir surya kakara medal. |
|
| 19 |
|
| Bangusna nyebrot hurung, cahayana racleng patingburinyay. |
|
| 20 |
|
| Irungna gegebosan ngabijilkeun saab, ngelun siga haseup pangdurukan jukut dina pariuk. |
|
| 21 |
|
| Ambekanana ge mani kingkilaban, sungutna mura-murakeun seuneu. |
|
| 22 |
|
| Pundukna istuning tangguh, tanggoh lain meumeueusan, anu paamprok tangtu kasima. |
|
| 23 |
|
| Kulitna euweuh pisan uduh-uduhna, tarareuas ngabaketrak kawas beusi. |
|
| 24 |
|
| Hatena teuas jeg batu, tara kaeunteupan sieun, teuas padet kawas batu panggilingan. |
|
| 25 |
|
| Ana jung ngajurungkunung, jalma anu panggagahna ge kasima, hareugeueun, leungit tanagana. |
|
| 26 |
|
| Pedang nambag, tumbak nyoledat, jamparing teu mahi, tohok moyodok, sagala pakarang taya nu teurak. |
|
| 27 |
|
| Beusi dianggap jarami, tambaga dianggap pangpung bobo. |
|
| 28 |
|
| Cadu lumpat ku dipanah, katimbul batu asa katinggang kalakay. |
|
| 29 |
|
| Gada dianggap panggere, dilempag kalah ka genaheun. |
|
| 30 |
|
| Sisitna rareges, reregean jiga pepecahan beling, ana ngorondang, leutak ambacak kacakar. |
|
| 31 |
|
| Laut dikubek digibeg-gibeg, mani ngagolak lir keur ditaheur, tingburial tingberekbek jeg minyak ngagolak dina kancah. |
|
| 32 |
|
| Alur urutna boborelakan, laut ngabudah mani bodas saluluar. |
|
| 33 |
|
| Eta mahluk istuning euweuh kasieun, di sajagat sepi tanding tuna lawan. |
|
| 34 |
|
| Sato anu panggagahna ge ku eta mah teu dianggap, kawantu Lewiatan mah rajaning sato galak.” |
|
|
|
|