KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Nun Allah, anu ku abdi dipuji, Gusti ulah mindel bae! |
| 2 |
| Nu jarahat sareng tukang bohong narajang ka abdi, nyebarkeun carita bohong perkawis abdi, |
| 3 |
| sareng ngomongkeun jahat hal diri abdi, teu puguh-puguh narajang. |
| 4 |
| Ka abdi ngaralawan, sakitu abdi nyaah sareng sok mangnedakeun maranehna. |
| 5 |
| Kahadean abdi dipulangna ku kajahatan, kanyaah abdi dipulangna ku kangewa. |
| 6 |
| Pilih sawatara hakim curang, sina nguji musuh abdi, sareng sina didakwa ku salah saurang musuh manehna. |
| 7 |
| Mangka manehna sing kauji sareng kapendak kasalahanana, mangka ucap pamentana ge sing dianggap mangrupa kajahatan! |
| 8 |
| Mangka hirupna sing tereh enggeusan, pangkatna sing diandih ku nu lian! |
| 9 |
| Mangka anak-anakna sing jaradi yatim, pamajikanana sing jaradi randa! |
| 10 |
| Mangka anak-anakna sing ulah baroga imah, jaradi tukang jajaluk, sing dibuburak ti ruruntuk imahna. |
| 11 |
| Mangka harta bandana sing dijabel ku nu ngahutangkeun, beubeunangan digawena sing dicokot ku jalma asing. |
| 12 |
| Mangka sing ulah aya nu haʼat ka manehna sing ulah aya nu watir ka anak-anakna nu geus ditinggalkeun. |
| 13 |
| Mangka turunanana sing tumpur ludes, ngaranna sing dipohokeun ku turunan pandeurieunana. |
| 14 |
| Mangka kajahatan karuhunna sing kaemut-emut ku PANGERAN, sarta dosa-dosa indungna sing ulah dihampura. |
| 15 |
| Mangka dosa-dosa maranehna salawasna sing kaemut ku PANGERAN, sabalikna maranehna sorangan mah sing kapopohokeun sama sakali! |
| 16 |
| Eta jalma tara mikir hayang jadi jalma bageur, sok nganiaya jeung maehan jalma miskin, jalma sangsara, jeung jalma nu teu boga daya. |
| 17 |
| Karesepna nyumpahan — mangka dirina sorangan sing aya anu nyumpahan. Cadu ngaberkahan — mangka dirina ge sing ulah aya anu ngaberkahan! |
| 18 |
| Manehna geus biasa nyapa, cara geus biasa dangdan, mangka panyapana sing nyerep ka dirina kawas cai rembes, sing nyerep kana balung-balungna kawas minyak! |
| 19 |
| Sing mungkus kana awakna jadi bajuna, sing meulit kana cangkengna, jadi sabukna salilana! |
| 20 |
| Nun PANGERAN, hukum musuh-musuh abdi kawas kitu, sakur anu ngagogoreng abdi sapertos kitu. |
| 21 |
| Sawangsulna nun PANGERAN Nu Maha Agung, tulungan abdi, sakumaha jangji Gusti, luputkeun abdi, demi kasaean sareng kaasih Gusti. |
| 22 |
| Abdi teh miskin sareng balangsak, hate raheut jero pisan. |
| 23 |
| Lir kalangkang wanci sore, abdi bakal tereh sirna sapertos insekta nu dikebutkeun. |
| 24 |
| Tuur nyorodcod lantaran kurang dahar, awak kantun tulang sareng kulit. |
| 25 |
| Jalmi-jalmi nu naringal nyaleungseurikeun, garogodeg ngahinakeun. |
| 26 |
| Tulungan, nun PANGERAN, Allah abdi, demi kaasih Gusti nu taya kendatna, salametkeun abdi! |
| 27 |
| Musuh-musuh abdi sina tarerangeun, yen anu nyalametkeun abdi teh Gusti. |
| 28 |
| Sawios maranehna nyarapa ka abdi, nanging Gusti mah mugi ngaberkahan. Mugi anu ngadarakwa abdi areleh, sawangsulna abdi Gusti mah sing tiasa bungah. |
| 29 |
| Mugi musuh-musuh abdi nandang kahinaan, sing karungkup ku wiwirang lir katutup ku jubahna. |
| 30 |
| Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN masing tarik, seja muji Mantenna dina pagempungan jalma rea, |
| 31 |
| karana Mantenna ngaraksa ka jalma miskin, disalametkeun ti jalma-jalma anu ngaragragkeun hukum pati ka dirina. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/109.mp3
150
109