KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Kaula nyalindung ka PANGERAN. Taya gunana omongan anjeun ka kaula, anu majar, ”Geura kabur ka gunung, nurutan manuk, |
| 2 |
| sabab si murka geus mentang gondewa, jamparingna geus dikeceng, diincerkeun ti nu poek ka jalma nu bener. |
| 3 |
| Lamun kabeh enggeus burak-barik, jelema bener moal bisa nanaon deui.” |
| 4 |
| PANGERAN aya di Bait-Na anu suci, tahta-Na aya di sawarga. Soca-Na ngawaskeun manusa di mana-mana, uninga ka sakur laku lampahna. |
| 5 |
| Mantenna nguji, boh ka nu bener boh ka nu jahat, Mantenna ijid ka jalma anu ingkar ti hukum. |
| 6 |
| Anu jahat ku Mantenna dihujanan ruhak jeung walirang, ditarajang ku panas nereptep. |
| 7 |
| PANGERAN teh maha adil, nyaah ka nu hade lampah, anu harade lampah, hirup di payuneuna-Na. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/011.mp3
150
11