×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 110

1
Jabur Daud. PANGERAN ngadawuh kieu ka raja gusti kaula: ”Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh hidep, ku Kami dijieun titincakan hidep.”
2
PANGERAN ti Sion bakal ngalegakeun karajaan Jeng Gusti, dawuhana-Na, ”Geura ereh musuh-musuh hidep.”
3
Dina dintenan Gusti merangan musuh, rahayat baris maju sukarela. Lir ibun turun enjing-enjing para taruna baris darongkap ka Gusti di pasir suci.
4
PANGERAN jangji nganggo sumpah tur hamo dicabut deui, ”Hidep baris jadi imam salalanggengna, sakumaha Melkisidik.”
5
PANGERAN aya di tengeneun Jeng Gusti, ana Mantenna bendu, raja-raja pasti areleh.
6
Mantenna baris ngahukum bangsa-bangsa, medan perang bakal disina pinuh ku mayit, raja-raja sakuliah bumi baris dielehkeun.
7
Sang raja bakal ngaleueut ti susukan sisi jalan, kakiatanana pulih deui, bakal terus unggul.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes