×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 112

1
Puji PANGERAN! Bagja jalma anu hormat ka PANGERAN, anu resep nekanan parentah Mantenna.
2
Anak-anak jalma hade bakal kawasa di jero nagri turunanana bakal diberkahan.
3
Kulawargana bakal makmur sugih mukti, hade milik salalawasna.
4
Jalma hade, nu karunyaan, bageur, jeung adil, di nu poek bakal meunang sinar caang.
5
Bagja jalma anu daek nulung mere nginjeum, sarta jujur dina ngajalankeun usahana.
6
Jalma hade hamo gagal, sarta salalawasna bakal kapieling.
7
Manehna moal rentag ku beja imanna tabah tur percaya ka PANGERAN.
8
Hatena teu salempang, teu hariwang, sabab ngarasa yakin yen musuhna baris eleh.
9
Ka nu miskin daek mere reujeung murah hate, kahadeanana moal aya batalna, hirupna bakal kawasa jeung diajenan.
10
Nenjo kaayaanana kitu, nu jarahat arambekeun, tingpendelik arijideun, tuluy musna, harepanana mudedes salalawasna.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes