KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Puji PANGERAN! He abdi-abdi PANGERAN, paruji jenengan Mantenna! |
| 2 |
| Mugia diparuji jenengana-Na ti ayeuna nepi ka salalanggengna. |
| 3 |
| Ti wetan nepi ka kulon, paruji jenengan PANGERAN! |
| 4 |
| PANGERAN marentah ka sakabeh bangsa, kamulyaana-Na ngaluhuran langit. |
| 5 |
| Taya pisan nu saperti PANGERAN, Allah urang. Panglinggihana-Na di puncakna luhur, |
| 6 |
| tapi Mantenna dongko ningali ka langit jeung bumi. |
| 7 |
| Mantenna nyengkatkeun anu miskin tina lebu, ngangkat nu masakat tina kabalangsakan, |
| 8 |
| sina satata jeung para pangeran, nya eta para pangeran di kalangan umat-Na. |
| 9 |
| Mantenna ngurniaan ibu rumah tangga anu gabug, dibagjakeun dipaparin anak. Puji PANGERAN! |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/113.mp3
150
113