|
| 1 |
|
| Bagja jalma anu hirupna taya celana, sarta ngalampahkeun hukum PANGERAN. |
|
| 2 |
|
| Bagja jalma anu gumati kana parentah-Na, sarta taʼat ka Mantenna sagemblengna hate. |
|
| 3 |
|
| Maranehna moal nyieun kajahatan, hirupna nurutkeun jalan PANGERAN. |
|
| 4 |
|
| Gusti ka abdi-abdi maparin hukum-hukum, nun PANGERAN, sangkan diestokeun kalawan satia. |
|
| 5 |
|
| Mugi abdi sing tiasa tigin satia ngalakonan aturan-aturan Gusti. |
|
| 6 |
|
| Saupami abdi ngesto kana hukum-hukum Gusti, tangtos moal nandangan kaera. |
|
| 7 |
|
| Waktos hukum-hukum Gusti nu adil tea diaji, abdi teh leres-leres muji ka Gusti. |
|
| 8 |
|
| Abdi sumeja taʼat kana hukum-hukum Gusti, Gusti ulah ngantunkeun. |
|
| 9 |
|
| Kuma kedahna malar hirupna budak ngora tetep beresih? Nya kedah tumut kana satimbalan Gusti. |
|
| 10 |
|
| Hate abdi mantep bade ngabdi ka Gusti, mugi ulah dugi ka teu nurut kana timbalan Gusti. |
|
| 11 |
|
| Hukum Gusti bade disimpen di jero hate, supados ulah dugi ka dosa ka Gusti. |
|
| 12 |
|
| Abdi muji ka Gusti, nun PANGERAN, jalan Gusti wulangkeun ka abdi. |
|
| 13 |
|
| Sadaya hukum paparin Gusti, ku abdi bade dibewarakeun deui. |
|
| 14 |
|
| Ngalakonan timbalan-timbalan Gusti, bingahna lir gaduh rupi-rupi rajabrana. |
|
| 15 |
|
| Pituduh-pituduh Gusti sumeja dilenyepan, piwulang-piwulang Gusti bade diaji. |
|
| 16 |
|
| Abdi resep kana hukum-hukum Gusti, sareng moal hilap-hilap kana timbalan-timbalan Gusti. |
|
| 17 |
|
| Abdi Gusti, nyuhunkeun piwelas, sangkan hirup sareng tiasa ngestokeun piwulang. |
|
| 18 |
|
| Panon abdi beuntakeun, supados ningal kana kayaktian hukum Gusti anu narik ati. |
|
| 19 |
|
| Abdi di dunya teh moal lami, hukum-hukum Gusti ulah dibuni-buni. |
|
| 20 |
|
| Hate gering kabungbulengan, hoyong terang saban waktos kana pangadilan Gusti. |
|
| 21 |
|
| Gusti negor ka jalmi nu adigung, nyapa ka nu ingkar tina parentah. |
|
| 22 |
|
| Bebaskeun abdi tina panghina sareng pamoyok maranehna margi ngesto kana aturan-aturan Gusti. |
|
| 23 |
|
| Para pangereh barempug ngalawan ka abdi, nanging abdi mah bade ngulik piwulang Gusti. |
|
| 24 |
|
| Pituduh-pituduh Gusti pikaresepeun, sadayana lir jurunasehat abdi. |
|
| 25 |
|
| Abdi ngagoler dina lebu, mugi dipulihkeun sakumaha jangji Gusti. |
|
| 26 |
|
| Abdi parantos ngaku kalakuan, Gusti oge parantos ngawaler, ajar abdi hukum-hukum Gusti. |
|
| 27 |
|
| Paparin abdi ngartos kana hukum-hukum Gusti, piwulang Gusti anu narik ati seja dilenyepan. |
|
| 28 |
|
| Abdi parantos kateter ku kasusah, mugi ditegerkeun sakumaha jangji Gusti. |
|
| 29 |
|
| Tebihkeun abdi tina jalan anu lepat, demi kasaean Gusti, abdi wulang hukum-hukum Gusti. |
|
| 30 |
|
| Abdi parantos milih bade taʼat, bade mentingkeun pangadilan Gusti. |
|
| 31 |
|
| Abdi parantos tumut kana piwulang-piwulang, nun PANGERAN, mugi ulah dugi ka nandangan kaera. |
|
| 32 |
|
| Kalayan suka abdi bade tumut kana timbalan margi ku Gusti tangtos dikersakeun langkung ngarti. |
|
| 33 |
|
| Nun PANGERAN, pihartoseun hukum-hukum Gusti teh wulangkeun, tangtos ku abdi ditumutkeun salamina. |
|
| 34 |
|
| Hukum Gusti teh terangkeun, tangtos ku abdi diturut, bade dilakonan leres-leres. |
|
| 35 |
|
| Mugi abdi tiasa junun kana hukum Gusti, margi nya ku eta abdi ngarasa bagja. |
|
| 36 |
|
| Mugi abdi gaduh kahayang kana ngalampahkeun hukum Gusti sing langkung ti hayang beunghar. |
|
| 37 |
|
| Mugi abdi ulah dugi ka mikahayang anu taya pigunaeunana, paparin kasaean, sakumaha jangji Gusti. |
|
| 38 |
|
| Teguhkeun jangji Gusti ka abdi, jangji anu dijangjikeun ka sakur anu nurut ka Gusti. |
|
| 39 |
|
| Raksa abdi tina panghina kasieun abdi, estu aheng pangadilan Gusti! |
|
| 40 |
|
| Abdi seja taʼat kana timbalan-timbalan, paparin hirup anyar, margi Gusti teh adil. |
|
| 41 |
|
| Tembongkeun kaasih Gusti ka abdi, nun PANGERAN, abdi salametkeun sakumaha jangji Gusti. |
|
| 42 |
|
| Sangkan abdi tiasa ngajawab ka anu ngahina pedah abdi percaya kana dawuhan Gusti. |
|
| 43 |
|
| Sing tiasa abdi teh ngucapkeun hal anu leres, margi ngaharep kana pangadilan Gusti. |
|
| 44 |
|
| Abdi bade ngestokeun hukum Gusti, teras-tumeras, sapapaosna. |
|
| 45 |
|
| Tangtos hirup abdi tiasa bebas lugina, margi parantos ihtiar seja tumut kana piwulang Gusti. |
|
| 46 |
|
| Aturan-aturan Gusti bade diembarkeun ka raja-raja, abdi moal era-era ngembarkeunana. |
|
| 47 |
|
| Abdi malah resep ngalakonan eta aturan-aturan, tur kalintang mikacintana. |
|
| 48 |
|
| Abdi hormat sareng cinta kana eta aturan-aturan, pituduh-pituduhna bade dilenyepan. |
|
| 49 |
|
| Mugi Gusti emut kana jangji ka abdi Gusti, eta jangji teh ngahudang harepan abdi, |
|
| 50 |
|
| anu jadi pangbeberah nalika abdi sangsara, nya jangji eta jadi lantaran abdi hirup. |
|
| 51 |
|
| Sakumaha dihinana ge ku anu aradigung, abdi teu lesot-lesot ti hukum Gusti. |
|
| 52 |
|
| Abdi emut kana eta hukum anu parantos aya ti kapungkur, sarta kalilipur ku eta, nun PANGERAN. |
|
| 53 |
|
| Abdi sok geregeteun ka anu jarahat, lantaran maranehna ngalanggar hukum Gusti. |
|
| 54 |
|
| Sapanjang hirup abdi anu pondok di dunya, aturan-aturan Gusti ku abdi didamel lalaguan. |
|
| 55 |
|
| Ari wengi abdi sok emut ka Gusti, nun PANGERAN, sareng sok mikiran hukum Gusti. |
|
| 56 |
|
| Tumut kana aturan-aturan Gusti, karaos bagjana ku abdi. |
|
| 57 |
|
| Mung Gusti nu jadi kahayang abdi, nun PANGERAN, abdi jangji bade ngestokeun hukum Gusti. |
|
| 58 |
|
| Sanget-sanget abdi nyuhunkeun piwelas, sakumaha jangji Gusti tea. |
|
| 59 |
|
| Abdi parantos mikiran kalakuan, sareng jangji bade tumut kana aturan Gusti. |
|
| 60 |
|
| Moal diengkekeun deui, gilig bade ngesto kana aturan Gusti. |
|
| 61 |
|
| Anu jarahat masangan pitapak, nanging abdi teu hilap kana hukum Gusti. |
|
| 62 |
|
| Tengah wengi abdi sok nyaring, teras muji hukum-hukum Gusti nu adil. |
|
| 63 |
|
| Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti. |
|
| 64 |
|
| Nun PANGERAN, bumi teh pinuh ku satia asih Gusti, aturan-aturan Gusti wulangkeun ka abdi. |
|
| 65 |
|
| Gusti parantos nedunan jangji, nun PANGERAN, sakitu saena ka abdi Gusti. |
|
| 66 |
|
| Mugi abdi dipaparin hikmat sareng pangarti, margi gilig percanten kana timbalan Gusti. |
|
| 67 |
|
| Memeh kenging hukuman abdi teh sasab, nanging ayeuna mah ngesto kana pangandika. |
|
| 68 |
|
| Gusti teh bageur, sakitu saena! Katangtosan-katangtosan Gusti wulangkeun ka abdi. |
|
| 69 |
|
| Nu arangkuh ka abdi mitenah, nanging abdi sakuat-kuat nurut kana aturan Gusti. |
|
| 70 |
|
| Maranehna teu ngalartieun kana hukum Gusti, nanging abdi mah malah bagja ku eta. |
|
| 71 |
|
| Abdi dihukum teh sae jadina, jadi diajar perkawis aturan-aturan Gusti. |
|
| 72 |
|
| Keur abdi mah hukum-hukum Gusti teh langkung utami ti batan harta di dunya. |
|
| 73 |
|
| Gusti anu ngajadikeun abdi kalayan nyalametkeunana, mugi maparin pangarti, sangkan abdi tiasa diajar hukum-hukum Gusti. |
|
| 74 |
|
| Anu alajrih ka Gusti, naringal kalakuan abdi teh tangtos sarenangeun, dumeh abdi percaya kana jangji Gusti. |
|
| 75 |
|
| Nun PANGERAN, abdi terang, putusan Gusti teh adil, pangna ngahukum ka abdi teh ku margi Gusti sipat satia. |
|
| 76 |
|
| Eta welas asih Gusti teh mugia jadi panglipur, luyu sakumaha jangji ka abdi Gusti. |
|
| 77 |
|
| Sing hawatos, supados abdi hirup, margi abdi resep kana hukum Gusti. |
|
| 78 |
|
| Mugi nu aradigung teh sing areraeun ku lantaran pitenahna ka abdi; sawangsulna abdi mah bade ngalenyepan hukum Gusti. |
|
| 79 |
|
| Mugi sugri nu alajrih ka Gusti, sareng nu tarerangeun kana aturan Gusti, darongkap ka abdi. |
|
| 80 |
|
| Mugi abdi leres-leres nurut kana aturan-aturan Gusti, sareng ulah dugi ka nandangan erana kasoran. |
|
| 81 |
|
| Abdi parantos lungse ngantos-ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, jangji Gusti kalintang diarep-arepna. |
|
| 82 |
|
| Panon parantos cape nyileuk jangji Gusti bari tumanya, ”Iraha Gusti bade nulungan teh?” |
|
| 83 |
|
| Diri abdi taya gunana, sapertos kirbat butut, nanging kana aturan-aturan Gusti mah teu hilap-hilap. |
|
| 84 |
|
| Sabaraha lamina deui abdi kedah ngarep-ngarep? Iraha bade dihukumna anu nyangsara abdi? |
|
| 85 |
|
| Nu aradigung, nu teu narurut kana hukum Gusti, parantos ngali lombang jero naheunan abdi. |
|
| 86 |
|
| Sadaya aturan Gusti kenging diandelkeun; dupi abdi ku maranehna disangsara, digogoreng, mugi ditulungan! |
|
| 87 |
|
| Karep maranehna maehan abdi parantos meh hasil, nanging abdi tetep henteu ngalesotkeun parentah Gusti. |
|
| 88 |
|
| Demi satia asih Gusti, sing hawatos ka abdi sangkan abdi tiasa ngestokeun hukum Gusti. |
|
| 89 |
|
| Nun PANGERAN, pangandika Gusti teguh salalamina, langgeng abadi di sawarga. |
|
| 90 |
|
| Kasatiaan Gusti lumangsung sapanjang jaman. Gusti parantos ngadegkeun bumi, eta tetep aya. |
|
| 91 |
|
| Saniskara ge sadayana aya dugi ka kiwari, margi ku timbalan Gusti, margi sadayana ge eta teh abdi-abdi Gusti. |
|
| 92 |
|
| Upami sanes hukum Gusti nu jadi sumber kabagjaan abdi, tangtos abdi parantos tiwas ku kasangsaraan. |
|
| 93 |
|
| Abdi hamo lesot nyekel hukum Gusti, margi nya ku eta Gusti ngahirupan abdi. |
|
| 94 |
|
| Abdi teh kagungan Gusti, mugi disalametkeun, margi parantos satiasa-tiasa taʼat kana parentah Gusti. |
|
| 95 |
|
| Abdi diarah ku nu jarahat bade dipaehan, nanging tetep bade ngalenyepan hukum-hukum Gusti. |
|
| 96 |
|
| Abdi terang yen sagala rupi aya watesna, nanging aturan-aturan Gusti mah sampurna. |
|
| 97 |
|
| Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut. |
|
| 98 |
|
| Parentah Gusti salamina aya dina pikiran, ngalantarankeun abdi jadi leuwih bijaksana ti batan musuh. |
|
| 99 |
|
| Pangarti abdi ngalangkungan guru-guru sorangan, margi sok ngaji aturan-aturan Gusti. |
|
| 100 |
|
| Abdi gaduh hikmat anu langkung ti batan jalmi karolot, margi nurut kana parentah-parentah Gusti. |
|
| 101 |
|
| Hirup abdi pantrang kana lampah jahat, margi hayang nurut kana pangandika Gusti. |
|
| 102 |
|
| Abdi henteu ingkar tina parentah-parentah Gusti, margi nya Gusti anu jadi guru abdi. |
|
| 103 |
|
| Dawuhan Gusti amis karaosna, langkung amis batan madu. |
|
| 104 |
|
| Tina hukum-hukum Gusti abdi kenging hikmah, sareng jadi ceuceub kana sagala kalakuan awon. |
|
| 105 |
|
| Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi. |
|
| 106 |
|
| Abdi bade satia nyekel ikrar jangji yen bade nurut kana parentah-parentah Gusti. |
|
| 107 |
|
| Kasangsaraan abdi, nun PANGERAN, pikasieuneun, raksa hirup abdi, sakumaha jangji Gusti. |
|
| 108 |
|
| Tampi paneda pamuji sukur abdi, nun PANGERAN, sareng wulangkeun ka abdi parentah-parentah Gusti. |
|
| 109 |
|
| Abdi salamina naruhkeun nyawa; nanging kana hukum Gusti tara hilap. |
|
| 110 |
|
| Abdi ditaheunan ku jalma-jalma jahat, nanging henteu ingkar tina parentah Gusti. |
|
| 111 |
|
| Timbalan-timbalan Gusti teh milik abdi anu langgeng, anu jadi kabagjaan hate. |
|
| 112 |
|
| Tekad abdi bade tumut kana hukum-hukum dugi ka dintenan maot. |
|
| 113 |
|
| Abdi cinta kana hukum Gusti, sareng ceuceub ka anu kirang satia ka Gusti. |
|
| 114 |
|
| Gusti teh papayung sareng panyalindungan abdi, jangji Gusti jadi pangharepan abdi. |
|
| 115 |
|
| Nyalingkir ka ditu, he anu jarahat! Sabab kami rek taʼat kana parentah Allah kami. |
|
| 116 |
|
| Abdi pasihan kakiatan sakumaha jangji Gusti, tangtos abdi bakal hirup, pangharepan abdi ulah dugi ka gaplah. |
|
| 117 |
|
| Cepeng abdi sangkan salamet, sareng tiasa merhatikeun parentah Gusti sapapaosna. |
|
| 118 |
|
| Gusti nolak sakur anu nyimpang tina hukum Gusti, tipu daya maranehna mo aya paedahna. |
|
| 119 |
|
| Nu jarahat ku gusti didamel sapertos runtah, kitu margina abdi cinta kana aturan-aturan Gusti. |
|
| 120 |
|
| Abdi ngarasa sieun ku Gusti, ngarasa gimir ku putusan-putusan Gusti. |
|
| 121 |
|
| Abdi parantos ngalampahkeun anu bener sareng nu sae, mugi ulah diselehkeun ka musuh! |
|
| 122 |
|
| Mugi jangji yen bade nulungan ka abdi Gusti, ulah dugi ka nu arangkuh teh ngagencet ka abdi. |
|
| 123 |
|
| Cape panon balas ngantos pitulung pisalameteun ti Gusti, ngantos dibebaskeun sakumaha jangji Gusti. |
|
| 124 |
|
| Mugi abdi dipidamel anu luyu sareng satia asih Gusti, sareng mugi diwulang hal parentah Gusti. |
|
| 125 |
|
| Abdi teh gandek Gusti, mugi dipaparin pangarti, sangkan paham kana piwulang Gusti. |
|
| 126 |
|
| Parantos dongkap mangsana Gusti nindak jalmi-jalmi anu ngarempak hukum-hukum Gusti. |
|
| 127 |
|
| Abdi cinta kana parentah-parentah Gusti langkung ti batan ka emas, ti batan ka emas nu pangkolotna. |
|
| 128 |
|
| Eta margina pangna abdi nyepeng aturan-aturan Gusti, mikaijid kalakuan anu serong. |
|
| 129 |
|
| Piwulang-piwulang Gusti narik ati, kitu margina bade leres-leres diestokeun. |
|
| 130 |
|
| Katerangan piwulang Gusti teh mere caang, ku anu bodo ge kahartos. |
|
| 131 |
|
| Bawaning kangen kana parentah Gusti, ambekan abdi dugi ka ngangseg. |
|
| 132 |
|
| Lieuk abdi, mugi aya piwelas, sakumaha Gusti parantos miwelas ka nu cinta ka Gusti. |
|
| 133 |
|
| Tegerkeun abdi ulah dugi ka rubuh, sakumaha jangji Gusti, ulah dugi ka eleh ku kajahatan. |
|
| 134 |
|
| Luputkeun abdi ti nu ngagencet, sangkan tiasa ngestokeun parentah Gusti. |
|
| 135 |
|
| Berkahan abdi, sarengan sareng wurukan hal hukum-hukum Gusti. |
|
| 136 |
|
| Abdi ceurik banjir cipanon, ningal jalmi-jalmi teu ngestokeun hukum Gusti. |
|
| 137 |
|
| Gusti teh adil, nun PANGERAN, hukum-hukum Gusti sadayana saestu. |
|
| 138 |
|
| Aturan-aturan anu dipaparinkeun teh, estu adil tur sayakti. |
|
| 139 |
|
| Amarah abdi lir seuneu ngagedur, lantaran musuh-musuh nyapirakeun parentah-parentah Gusti. |
|
| 140 |
|
| Jangji-jangji Gusti teh estu pasti, ka eta abdi teh cinta. |
|
| 141 |
|
| Abdi teh nya hina nya laip, nanging teu nyapirakeun piwulang-piwulang Gusti. |
|
| 142 |
|
| Kaadilan Gusti nanjeur salamina hukum-hukum Gusti bener sapapaosna. |
|
| 143 |
|
| Abdi pinuh ku kasusah sareng kapaur, nanging jadi janglar ku parentah-parentah Gusti. |
|
| 144 |
|
| Aturan-aturan Gusti salamina adil, mugi sing kahartos ku abdi, sangkan abdi hirup. |
|
| 145 |
|
| Kalayan hate gembleng abdi sasambat, waleran, nun PANGERAN! Parentah Gusti tangtos ku abdi diestokeun. |
|
| 146 |
|
| Abdi sasambat, salametkeun, abdi tangtos mupusti hukum Gusti. |
|
| 147 |
|
| Ti memeh pajar meletek, abdi nyambat pitulung, ngarep-ngarep laksanana jangji Gusti. |
|
| 148 |
|
| Sawewengi abdi teu weleh nyaring, napakuran aturan-aturan Gusti. |
|
| 149 |
|
| Demi satia asih Gusti, dangukeun abdi, nun PANGERAN, sing aya piwelas, tangtayungan nyawa abdi. |
|
| 150 |
|
| Jalmi-jalmi telenges anu ngagencet ka abdi, anu tara malire kana hukum Gusti, sakedap deui ge darongkap, beuki deukeut. |
|
| 151 |
|
| Nanging Gusti aya caket abdi, nun PANGERAN, sarta parentah-parentah Gusti tetep ayana. |
|
| 152 |
|
| Parantos lami abdi diajar aturan-aturan Gusti, eta sadayana diayakeunana ku Gusti keur salalanggengna. |
|
| 153 |
|
| Tingali kabalangsakan abdi, mugi abdi disalametkeun margi teu ingkar tina hukum Gusti. |
|
| 154 |
|
| Mugi perkawis abdi dibela, mugi abdi dibebaskeun, salametkeun, sakumaha jangji Gusti. |
|
| 155 |
|
| Nu daroraka tangtos moal disalametkeun, margi henteu ngestokeun hukum Gusti. |
|
| 156 |
|
| Welas asih Gusti ageung pisan, nun PANGERAN, mugi welas ka abdi, mugi abdi disalametkeun. |
|
| 157 |
|
| Musuh sareng anu ngagencet ka abdi teh seueur pisan, nanging abdi teu weleh taʼat kana hukum-hukum Gusti. |
|
| 158 |
|
| Kacida geuleuhna abdi ka eta nu harianat teh? lantaran maranehna henteu ngalampahkeun parentah Gusti. |
|
| 159 |
|
| Tingali, kumaha cintana abdi kana aturan-aturan Gusti, tulungan abdi, nun PANGERAN, demi welas asih Gusti anu tara gingsir. |
|
| 160 |
|
| Jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian, sarta kaadilan putusan-putusan Gusti sadayana langgeng. |
|
| 161 |
|
| Jalmi-jalmi anu karawasa narajang abdi tanpa sabab, nanging kasieun abdi mah hukum Gusti. |
|
| 162 |
|
| Abdi kacida ngarasa bagjana ku jangji Gusti, atoh sapertos jalmi anu manggih pependeman. |
|
| 163 |
|
| Abdi ceuceub sareng geuleuh kana bohong, sawangsulna cinta kana hukum Gusti. |
|
| 164 |
|
| Tujuh kali sadintenna abdi muji sukur ka Gusti, ku adilna putusan-putusan Gusti. |
|
| 165 |
|
| Anu cinta kana hukum Gusti, kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna. |
|
| 166 |
|
| Abdi ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, parentah-parentah Gusti parantos dilampahkeun. |
|
| 167 |
|
| Abdi taʼat kana piwulang-piwulang Gusti, leres-leres abdi cinta ka eta. |
|
| 168 |
|
| Parentah sareng aturan Gusti parantos dilampahkeun; sagala kalakuan abdi tangtos ku Gusti katingali. |
|
| 169 |
|
| Mugi panyambat abdi dongkap ka Gusti, nun PANGERAN, abdi nyuhunkeun pangarti, sakumaha jangji Gusti. |
|
| 170 |
|
| Dangukeun paneda abdi, salametkeun abdi, sakumaha jangji Gusti. |
|
| 171 |
|
| Salamina abdi bade muji ka Gusti, lantaran parantos diwulang perkawis hukum-hukum Gusti. |
|
| 172 |
|
| Abdi seja nganyanyikeun hukum Gusti, margi parentah-parentah Gusti teh adil. |
|
| 173 |
|
| Gusti salamina tangtos kersa nulungan abdi, margi abdi ngestokeun parentah Gusti. |
|
| 174 |
|
| Abdi kumejot hayang salamet ku pitulung Gusti, nun PANGERAN, tur ngaraos bagja hirup dina hukum Gusti. |
|
| 175 |
|
| Pasihan abdi hirup, supados muji ka Gusti mugi aturan-aturan Gusti teh sing nulung ka abdi. |
|
| 176 |
|
| Abdi sapertos domba sasab apruk-aprukan, mugi abdi Gusti teh pilarian, ku margi tara ingkar tina hukum-hukum Gusti. |
|
|
|
|