KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Lagu paranti jarah. Ti Daud. Kumaha lamun urang teu diaping ku PANGERAN? Pek jawab, Israil! |
| 2 |
| ”Lamun urang teu diaping ku PANGERAN, waktu urang ditarajang musuh, |
| 3 |
| tan wande urang geus diteureuy hirup-hirup, ku maranehna anu sakitu arambekeunana, |
| 4 |
| pinasti urang geus palid kabawa ku caah, tilem-timbul di walungan nu ngagulidag; |
| 5 |
| tinangtu urang geus paraeh tikerebek dina umpalan anu sakitu ngamukna.” |
| 6 |
| Puji sukur ka PANGERAN, Mantenna henteu ngantep urang kabasmi ku musuh. |
| 7 |
| Urang bisa luput, cara manuk ucul tina saweuy tukang taheun; saweuyna rantas, urang bebas! |
| 8 |
| Pitulung ka urang datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/124.mp3
150
124