KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Lagu paranti jarah. Ti jero jungkrang kabalangsakan abdi jumerit, nun PANGERAN! |
| 2 |
| Dangukeun, nun PANGERAN, dangukeun panyambat abdi neda pitulung! |
| 3 |
| Upami dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan, saha anu tiasa luput tina hukumanana? |
| 4 |
| Nanging da Gusti kersa ngahampura, ku margi kitu abdi-abdi bade tumut ka Gusti kalayan hormat. |
| 5 |
| Kaula kacida ngaharepna kana pitulung PANGERAN, tur percaya kana jangji-Na. |
| 6 |
| Nyongsrongna hate kaula ka PANGERAN, leuwih ti batan ronda peuting ngadago subuh — ti batan ronda peuting ngadago subuh. |
| 7 |
| Israil kudu percaya ka PANGERAN, ku karana satia asih-Na sarta salawasna kersaeun nulungan. |
| 8 |
| Mantenna kersaeun ngajait umat Israil tina sagala dosa-dosana. |
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/130.mp3
150
130