×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 137

1
Di sisi walungan-walungan Babul, urang dariuk, di dinya urang careurik ari ras inget ka Sion.
2
Di dinya, dina dahan-dahan gandarusa, urang ngait-ngaitkeun kacapi.
3
Ku jalma-jalma anu ngaboyong, urang teh dititah nyanyi jang nyenangkeun maranehna, carekna, ”Kami pangnyanyikeun lagu ti Sion.”
4
Naha bisa urang nyanyi pikeun PANGERAN di nagri deungeun?
5
Muga kuring sing ulah bisa deui ngacapi, lamun poho ka anjeun, Yerusalem!
6
Mugi kuring sing ulah bisa deui nyanyi, lamun teu inget ka anjeun, lamun poho yen anjeun teh utamaning kasukaan kuring!
7
Nun PANGERAN, sing emut kana kalakuan urang Edom, nalika ngagempur Yerusalem. Sing emut kana sosoakna: ”Gempur, ratakeun jeung taneuh!”
8
He Babul, maneh bakal dibinasakeun. Bagja jalma anu engke ngabales ka maneh, anu pinaureun kalakuan-kalakuan maneh ka kami,
9
anu bakal nyokot orok-orok maneh bari seug digebotkeun kana batu cadas.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes