KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Ti Daud. Nun PANGERAN, abdi sumeja unjuk nuhun ka Gusti, saterusing ati, di hareupeun para dewata, abdi sumeja nyanyi muji ka Gusti. |
| 2 |
| Sumeja sujud mayun ka Bait Gusti nu suci, muji jenengan Gusti, ku karana satia asih Gusti, anu parantos nembongkeun, yen jenengan sareng parentah Gusti teh pinunjul. |
| 3 |
| Nalika abdi sasambat, ku Gusti didangu, dikuatkeun ku kakuatan Gusti. |
| 4 |
| Sadaya raja di dunya bakal maruji ka Gusti, nun PANGERAN, margi parantos ngaruping jangji Gusti. |
| 5 |
| Maranehna bakal nganyanyikeun padamelan sareng karosaanana kaagungan Gusti. |
| 6 |
| Gusti teh maha luhur, kacida luhurna, nanging kersa nitenan jalmi nu laip, jalmi nu adigung teu tiasa nyumput ti Gusti. |
| 7 |
| Waktos abdi dikurubut ku pakewuh, tetep aman ku pangjagi Gusti, Gusti ngayonan musuh abdi anu keur ngamuk, ku pangawasa Gusti abdi salamet. |
| 8 |
| Gusti tangtos kersa ngabuktoskeun sadaya jangji. Nun PANGERAN, asih Gusti teh langgeng. Sugri padamelan anu parantos diawitan, mugi disampurnakeun. |
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/138.mp3
150
138