KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Ti Daud. Puji PANGERAN, papayung kaula! Mantenna ngalatih kaula jurit jeung ngajar kaula perang. |
| 2 |
| Mantenna papayung anu bela ka kaula, panyalindungan jeung jurusalamet kaula. Di Mantenna kaula percaya yen aman. Mantenna nundukkeun bangsa-bangsa ka kaula. |
| 3 |
| Nun PANGERAN, naon manusa teh pangna ku Gusti dipirosea? Eta teh mung manusa, ku Gusti bet diperhatoskeun? |
| 4 |
| Manusa teh mung sapertos angin sahius umurna mung sapertos kalangkang ngolepat. |
| 5 |
| Nun PANGERAN, soehkeun langit sing muka, lajeng lungsur, rampa gunung-gunung, tangtos meledug haseupna. |
| 6 |
| Burinyaykeun kilat, buyarkeun musuh-musuh Gusti, pentang-pentangkeun jamparing Gusti, musuh sina putat-patit lalumpatan. |
| 7 |
| Sodorkeun panangan Gusti ti luhur, abdi rawel, tarik ti jero cai, luputkeun tina genggeman bangsa asing, |
| 8 |
| anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong. |
| 9 |
| Nun Allah, abdi bade ngalagukeun lagu anyar, bade dikawihkeun dipirig kacapi, kanggo Gusti. |
| 10 |
| Gusti maparin kaunggulan ka raja-raja sareng nyalametkeun Daud, abdi Gusti. |
| 11 |
| Uculkeun abdi ti musuh anu barengis luputkeun tina genggeman bangsa asing anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong. |
| 12 |
| Mugia anak-anak lalaki urang dina mangsa ngorana sing saibarat pepelakan, morontod sarta karuat, anak-anak awewe sing saibarat tihang-tihang agung, panghias juru-juru karaton. |
| 13 |
| Mugia leuit-leuit urang parinuh, ku rupa-rupa hasil bumi, domba-domba urang di tegal-tegal aranakanana sing puluhan rebu. |
| 14 |
| Mugia sapi urang baranahan pirang-pirang jeung ulah aya nu kaluron atawa leungit. Mugia di jalan-jalan di nagri urang taya ceurik taya susah. |
| 15 |
| Bagja temen bangsa anu kaayaanana sarupa kitu! Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/144.mp3
150
144