KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Jabur Daud. Raksa abdi, nun Allah, da abdi nyalindung ka Gusti. |
| 2 |
| Kaula unjukan ka PANGERAN, ”Gusti teh PANGERAN abdi; sadaya pitulung ti Gusti asalna.” |
| 3 |
| Ku utama umat anu satia ka Allah! Kaula pangresepna reureujeungan jeung maranehna. |
| 4 |
| Anu muru allah-allah sejen, geus tangtu susah sorangan. Kaula embung miluan kana kurbanna, embung milu nyembah ka allah-allahna. |
| 5 |
| Kagaduh abdi mah mung salira Gusti, nun PANGERAN. Pangabutuh abdi nya Gusti nu nyekapan, pati hurip abdi nya Gusti nu nyepengna. |
| 6 |
| Pangasih Gusti ka abdi estu matak helok, taya babandinganana. |
| 7 |
| Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan. |
| 8 |
| Kaula salawasna eling di payuneun PANGERAN, Mantenna teh deukeut, teu aya nu matak rentag. |
| 9 |
| Jadi hate abdi ngarasa sukur, bungah, sarta ngarasa kacida tengtremna, |
| 10 |
| reh ku Gusti dijaga tina kawasa ajal. Abdi satuhu ngawula ka Gusti, ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot. |
| 11 |
| Gusti baris nuduhan jalan anu brasna kana hirup; aya di payuneun Gusti hate pinuh ku kabingahan, sareng kasenangan salalamina. |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/016.mp3
150
16