×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 23

1
Jabur Daud. PANGERAN teh Gusti pangangon abdi, abdi moal kakirangan.
2
Abdi diaubkeun di sampalan hejo ngemploh, dicandak ka cai anu seger tur leuleuy.
3
Ku Mantenna dijagjagkeun deui, dipingpin nyorang jalan nu bener, saluyu sareng jangji-Na.
4
Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan! Gada sareng teteken Gusti ngaping ka abdi.
5
Gusti nyayagikeun idangan keur abdi, di hareupeun panon musuh-musuh; abdi ku Gusti dipapag lir tamu kaajen, dipaparin inuman sedep, gelasna mani leber.
6
Abdi ngaraos kasaean sareng kanyaah Gusti. Gusti nyarengan ka abdi saumur-umur, sarta gedong Gusti bakal jadi pamatuhan abdi saumur hirup.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Simpen Catetan