×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 30

1
Jabur Daud. Lagu ngaresmikeun Bait Allah.
2
Abdi muji, nun PANGERAN, reh Gusti parantos nyalametkeun abdi, diluputkeun tina perongan musuh.
3
Abdi nyambat pitulung Gusti, nun PANGERAN Allah abdi, teras ku Gusti diwaluyakeun,
4
diluputkeun ti jero kubur. Waktos abdi nyoloyong ka nu nyublek jero, nyawa abdi ku Gusti dipulihkeun.
5
Puji PANGERAN ku nyanyian, he umat-Na nu saratia! Aringetkeun padamelan Nu Maha Suci, urang kudu nganuhunkeun ka Mantenna.
6
Benduna PANGERAN ka urang ngan sakeudeung, tapi kasaeana-Na mah saumur-umur. Reup peuting bijil cipanon, bray beurang datang kabungah.
7
Kaula ngarasa senang, seug ngomong sorangan, ”Aing moal eleh.”
8
Gusti parantos nulung ka abdi, nun PANGERAN, ngajagi ka abdi lir benteng di luhur gunung. Nanging salajengna Gusti nyumput ti abdi, abdi kacida tagiwurna.
9
Abdi nyambat ka Gusti nyuhunkeun ditulungan:
10
”Naon untungna ka Gusti upami abdi paeh? Naon mangpaʼatna upami abdi parantos dikubur? Barisaeun anu maraot maruji ka Gusti? Barisaeun ngembarkeun kasatiaan Gusti?
11
Sing hawatos, dangukeun abdi nun PANGERAN! Tulungan abdi, nun Gusti!”
12
Kaprihatinan abdi ku Gusti parantos digentos ku kasukaan, kasedih parantos leungit, ayeuna kantun sukana.
13
Kitu margina abdi moal cicing, tapi bade nyanyi muji ka Gusti. Nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi, abdi muji sukur ka Gusti salalamina.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes