|
| 1 |
|
| Jabur Daud, waktu pura-pura owah hareupeun Abimelek nepi ka diusir tuluy angkat. |
|
| 2 |
|
| Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN saban waktu, moal eureun muji Mantenna. |
|
| 3 |
|
| Seja muji sugri padamelana-Na, sina kadenge ku nu keur diteungteuinganan, malar hatena lipur. |
|
| 4 |
|
| Hayu urang ngembarkeun kaagungan PANGERAN, urang bareng muji jenengana-Na! |
|
| 5 |
|
| Kaula sasambat ka PANGERAN, ku Mantenna diwaler, dibebaskeun tina sagala kasieun. |
|
| 6 |
|
| Nu dikaniaya ngaharep ka PANGERAN, hatena jadi bungah pangharepanana hamo gaplah. |
|
| 7 |
|
| Nu balangsak teh sasambat ka Mantenna, seug dikabul, dibebaskeun tina karupekanana. |
|
| 8 |
|
| Anu ajrih ka PANGERAN, dijaga ku malaikat-Na, dijait tina bahaya. |
|
| 9 |
|
| Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna. |
|
| 10 |
|
| Sing hormat ka PANGERAN, he sakabeh umat-Na! Nu satuhu ka Mantenna moal aya kakurang. |
|
| 11 |
|
| Singa aya kalana lapar teu beubeunangan, tapi nu taʼat ka PANGERAN mah, moal nyorang kakurangan. |
|
| 12 |
|
| He para rumaja, ka darieu regepkeun, Bapa rek papatah hal hormat ka PANGERAN. |
|
| 13 |
|
| Maraneh harayang hirup senang? Harayang panjang umur jeung hirup genah? |
|
| 14 |
|
| Ulah goreng ucap jeung ulah bohong. |
|
| 15 |
|
| Jauhan kajahatan, lampahkeun kahadean usahakeun karapihan sakuat tanaga. |
|
| 16 |
|
| PANGERAN nitenan ka jalma bener, tur ngadangukeun panyambatna, |
|
| 17 |
|
| tapi ka nu jarahat mah Mantenna ngalawan anu matak nu jarahat mah lamun geus maraot, gancang dipopohokeun. |
|
| 18 |
|
| Mun jalma bener nyambat ka PANGERAN, ku Mantenna tangtu didangu, jeung dijait tina kasusahna. |
|
| 19 |
|
| PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan. |
|
| 20 |
|
| Jalma bener memang loba kasusahna, tapi pasti ku PANGERAN dijait tina sakabeh karerepetna. |
|
| 21 |
|
| Ku PANGERAN diraksa sagala-galana, sahiji ge tulangna moal aya nu potong. |
|
| 22 |
|
| Anu jahat mah tangtu paeh ku kajahatanana, anu mikageuleuh ka nu bener, pinasti dihukum. |
|
| 23 |
|
| PANGERAN ngaraksa umat-Na, nu nyalindung ka Mantenna pinasti ditangtayungan. |
|
|
|
|