KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Pikeun pamingpin biduan. Ti Daud abdi PANGERAN. |
| 2 |
| Dosa teh ngomong di jero hate jelema jahat. Hate jelema doraka teu weleh kaangsonan ku dosa, ka Allah teu sieun-sieun, Allah ku manehna ditoker. |
| 3 |
| Pangrasana dirina teh hebat, pamikirna dosana moal dihukum ku Allah, da Allah teu uningaeun. |
| 4 |
| Saucap-ucapna jahat, tipu malulu, tara pisan nyieun lampah hade jeung bijaksana. |
| 5 |
| Di enggon, bari ngedeng teh ngalamun kajahatan boro-boro nyieun kahadean, ngagugulukeun bae kadorakaan. |
| 6 |
| Nun PANGERAN, satia asih Gusti sundul ka langit, kasatiaan Gusti maratan mega. |
| 7 |
| Kaadilan Gusti lir gunung tanpa tutugan, adilna lir jerona jaladri. Manusa sareng margasatwa, ku Gusti diraksa diriksa. |
| 8 |
| Satia asih Gusti mulya luhur, nun Allah! Kalangkang jangjang Gusti, ngiuhan abdi sadaya. |
| 9 |
| Abdi-abdi sugema ku seueurna tedaeun ti Gusti, sareng dipasihan nginum ti walungan asihing Gusti. |
| 10 |
| Gusti teh sumbering hirup sadaya mahluk, ku terangna cahaya Gusti, abdi bisa ningal caang. |
| 11 |
| Mugi langgeng mikaasih ka sakur nu terang ka Gusti langgeng midamel kasaean ka jalmi anu balener. |
| 12 |
| Nu aradigung teh sina ulah narajang ka abdi, eta nu jarahat teh ulah diantep ngusir abdi. |
| 13 |
| Tuh, nu jarahat teh geus tinggolepak, tingjaloprak moal harudang deui. |
|
| Simpen Catetan |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/036.mp3
150
36