Kaula ku Mantenna diajar hiji lagu anyar, pupujian paranti ngamulyakeun Allah urang. Loba anu narenjoeun hal ieu, keun sina kapikireun, sina ngarandel ka PANGERAN.
Kalintang seueurna nu ku Gusti dipidamel pikeun abdi-abdi, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya. Teu aya deui nu sapertos Gusti! Gusti parantos seueur midamel nu araheng ku karana abdi-abdi. Abdi parantos teu tiasa nyebatkeun bilanganana, ku seueur-seueurna.
Gusti henteu hoyong dikurbanan atanapi disasajenan, henteu mundut kurban sasatoan anu dibeuleum dina altar henteu mundut kurban pamupus dosa. Sawangsulna ka abdi maparin ceuli sangkan ngupingkeun soanten Gusti.
Dina pakempelan umat Gusti, nun PANGERAN, abdi ngawartoskeun warta gumbira, yen Gusti parantos nyalametkeun abdi sadaya. Gusti uninga, abdi nyaritakeun hal eta teh teu eureun-eureun.
Perkawis abdi parantos salamet ku abdi henteu disidem. Eta pitulung sareng kasatiaan Gusti haben bae diwartos-wartoskeun. Dina pakempelan umat Gusti, abdi teu tiasa balem, kedah bae nyanggemkeun kaweningan galih sareng satia asih Gusti.
Abdi dilingkung ku balai sakitu seueurna, parantos teu kaetang ku seueur-seueurna! Abdi dikurubut ku dosa sorangan, ningalna ge parantos teu kaduga, langkung seueur manan buuk dina sirah, ahirna abdi teh pegat harepan.
Dupi anu nyarambat ka Gusti mah, mugi ginanjar kabingahan sareng maruji ka Gusti; anu ngarep-ngarep kana kasalametan ti Gusti, sing ulah kendat-kendat ngucap, ”Maha Agung PANGERAN!”