KITAB SUCI (LAISUN) 1991
|
| 1 |
| Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. |
| 2 |
| Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat, mun meunang papait tangtu ku PANGERAN dijait. |
| 3 |
| Hirupna ku PANGERAN diraksa, diriksa, tengtrem matuh di tanahna, moal diantep beunang ku musuhna, |
| 4 |
| Ana gering, ku PANGERAN tangtu dilayad, dipulihkeun deui kasehatanana. |
| 5 |
| Ceuk kaula, ”Nun PANGERAN, abdi teh rumaos dosa, nyuhunkeun piwelas, hoyong cageur.” |
| 6 |
| Musuh rame ngawon-ngawonkeun abdi, ngadoakeun maot, ngadoakeun sing tereh kapopohokeun. |
| 7 |
| Rajeun ngaralayad mung dapon bae, sareng ngumpulkeun wartos-wartos awon hal abdi, seug diuar-uar ka mana-mana. |
| 8 |
| Anu ngarewaeun teh tingharewos, ngira-ngirakeun hal anu pang awonna hal abdi. |
| 9 |
| Aromongna, ”Geringna ripuh pisan, geus moal hudang deui ti enggon.” |
| 10 |
| Malah sobat dalit ge, sobat sarasiah, sobat sahakan sainum, malik miceun. |
| 11 |
| Nun PANGERAN, sing hawatos, abdi cageurkeun, hoyong mulangkeun kanyeri ka musuh. |
| 12 |
| Upami maranehna teu barisaeun ngelehkeun abdi, nembe abdi bakal leres-leres terang yen Gusti nyaah ka abdi. |
| 13 |
| Gusti tangtos nulungan, da kalakuan abdi teh bener; Gusti tangtos nampi abdi hirup di payuneun, salalamina. |
| 14 |
| Puji PANGERAN, Allahna Israil! Ayeuna, terus salalanggengna! Amin! Amin! |
| Save Notes |
https://beblia.bible:81/BibleAudio/sundanese/psalms/041.mp3
150
41