×

KITAB SUCI (LAISUN) 1991

JABUR 42

1
Pikeun pamingpin biduan. Lagu atikan ti golongan Korah.
2
Lir uncal kangen kana cai tiis di susukan, nya kitu abdi kangen ka Gusti, nun Allah!
3
Kitu hanaangna hate abdi ka Gusti, Allah nu jumeneng. Iraha abdi kedah indit ngabakti, marek ka Gusti?
4
Beurang peuting abdi ceurik, tedaeun ge mung cipanon; musuh hantem bae nyalindiran, ”Mana Allah maneh teh?”
5
Ari ras ka alam ka tukang, hate mani ngarakacak inget bareto sok milu ngaleut ka gedong Allah, ngapalaan aleutan jalma rea, anu galumbira, nyaranyi, maruji ka Allah.
6
Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.
7
Di dieu, di pangbuangan, hate kaula ajur seug nginget-nginget deui Mantenna. Sukma kaula ku Mantenna diteunggar ku ombak kasedih, diamuk ku caah kalang kabut, ngaguruh sada curug ngagurujug ka Walungan Yordan, ti Gunung Hermon jeung Gunung Misar.
8
9
Muga ti beurang PANGERAN nembongkeun satia asih-Na, supaya peutingna kaula bisa nyanyi, jeung neneda ka Allah sumber hirup kaula.
10
Kaula unjukan ka Allah, nu jadi pananggeuhan, ”Ku naon Gusti tega ka abdi? Ku naon abdi kedah sangsara, kedah dikaniaya ku musuh?”
11
Hate kaula nyelekit ngadenge panghina maranehna, anu teu eureun-eureun nyindiran, ”Mana Allah maneh teh?”
12
Ku naon kaula sakieu nalangsana? Ku naon sakieu sedihna? Kaula neundeun harepan ka Allah, jeung sakali deui rek muji ka Mantenna, jurusalamet jeung Allah kaula.
Sundanese Bible 1991
@LAI 1991
:
Save Notes